~aannutilem jadi situhiyang unghar kumitosjeung...

Post on 06-Mar-2018

274 Views

Category:

Documents

39 Downloads

Preview:

Click to see full reader

TRANSCRIPT

O·Selasa OSabtuo Rabu • Kamis 0 Jumat2 3

194 520 21

OSep OOkt OHov ODesOPeb oMar OApr

6 722

8 9 ® 1123 24 25 26

12 1327 28 29 30 31

• Me; oJun 0 JulO Ags

~aannu Tilem Jadi Situhiyangunghar ku Mitos jeung Legenda

nengkeun narpati sabab leuwih milihjadi resi, Di museum, Tim Panalitingawawancara sajumlah tokohmasarakat anu dianggap boga informasingeunaan Karajaan Talaga. Lian ti etakabeh, naskah-naskah anu ngungk-abkeun lalakon Karajaan Talaga oge di-teuleuman ku para panaliti anusapeupeuting galuntreng di pamon-dokan-ngawangkongkeun pependakantadi beurang.

Ti Sunan Parungka Sunan WanaperihNurutkeun sumber Museum Talaga,

ti Ajar Kutamanggu atawa PangeranKusumalaya, Simbarkancana kagungantujuh putra, Sunan Bungbulang, SunanTegal Cau, Sunan Jero Kaso, SunanKuntul Putih, Sun~n Cengal, Sunan er-haur, Sunan Parung (Sunan Corenda).Di antara tujuh putra Ratu, anu engkenabakal neruskeun jeneng narpati putrakatujuh Sunan Parung atawa SunanCorenda. Ratu Simbarkancanangalalakonna sajaman jeung Sri BadugaMaharaja atawa Prabu Siliwangi sadereksarama Sang Kusumalaya caroge ratu.Pamarentahan Sunan Parung mekarna

mareng jeung awal asupna Islam anupangaruhna rembes ka lingkungan pa-marentahan Karajaan Talagamanggung.Sajeroning kitu, anu tadina tahta kara-jaan turun tumurun, ayeuna jadi robah,din a ngajalankeun pamarentahan kudungiblat ka Cirebon nu jadi puseurkakawasaan Islam. Sunan Parung tiprameswarina kagungan putra hiji,nyaeta Sunyalarang atawa Ratu Parungnu ditikah ku Rangga Mantri atawaParungangsa rundayan Siliwangi ti Pa-jajaran.

Sabada Sunan Parung wapat, tahtaditeruskeun ku putrana nyaeta RatuParung Sunyalarang nu marentah titaun 1500 tepi ka 1550 Masehi. Nyamangsa harita kajadian Islamisasi di Ta-laga, samemehna Ranggamantri ikrarlebet Islam diaping ku Sunan GunungJati ti Cirebon. Ranggamantri dilelergelar Pucuk Umum ku Sunan GunungJati, berkahjasa-jasana dina enggoningnyebarkeun Islam di wilayah KarajaanTalagamanggung. Ti Ranggamantri,Ratu Sunyalarang kagungan putragenep nyaeta, Haur Kuning anu ngarun-daykeun para bupati Galuh Ciamis,Sun an Wanaperih, Dalem Lumaju

Tim Panaliti masih disarengan IcuKang Jehan Hasanuddindi Batu Caian (Citamas)

Kllplnl Humas Un pad 2012

(rnaja), Dalem Umbuluar Santoan Sin-gandaru, Dalem Panungtung (GiriLawungan) jeung Dalem Panaekan.Sabada Ranggta Mantri atawa SunanParungangsa wapat, layonna dipendemdeukeut Situ Sanghiyang, tahta karajaanditeruskeun ku putra kadua, Arya Kikisatawa mashurna mah SunanWanaperih.

Mangsa harita rayat Talaga gem-bleng geus ngagem agama Islam, mad-habna Syafe'i. Hubunganjeung Cirebonbeuki kuat, sumawonna sabada diku-atan ku nikahna putri Sunan Wanaperihka Sayid Ibrahim. Rundayan Wanaperihnyebar ka sakuliah Jawa Barat malahjadi cikal bakal sawatara kabupaten diJawa Barat, di antarana Subang,Sumedang jeung Cianjur, Putra SunanWanaperih saenyana genep, nyaetaDalem Kulanata, Dalem Cageur(Darma), Raden Apun Surawijaya(Sunan Kidul), Ratu Radeya, Ratu Putrijeung Dalem Aria Wangsa Goparana,Sagalaherang. Sunan Wanaperih di-teraskeun ku putrana anujenengananaPangeran Apun Surawijaya sanajan ayarakana anu sami kagungan hak nyaetaPangeran Kulanata. Ku sabab kitu ayaanu napsirkeun yen di Karajaan Talagasabada Islamisasi aya karengkeng puli-tik di antara kulawarga karajaan. ApunSurawijaya teh anu ngadegkeun kota Ta-laga anu ditelah Sunan Kidul, sabab an-jeunna mindahkeun puseur karajaan kakiduleun Walangsuji, tempatna nyaetadi tanah Kagok anu ayeuna perenahnakiduleun kota Talaga. Apun Surawijayakagungan opat putra, nyaeta DalemSalawangi, Sunan Cibalagung, Cianjur,Pangeran Surawijaya (Sunan Ciburuy),Dalem Tuhu (Ciparanje). Tim Panalitimemeh ka Batu Caian atawa Citamassaenyana ka makam Apun Surawijayaatawa Sunan Kidul heula di Lamaha-bang Desa Cikeusal Kacamatan Talaga.Pangeran Apun Surawijaya digentos kuputrana nyaeta Pangeran Surawijaya.Pangeran Surawijaya sohor disebutSun an Ciburuy. Neruskeun pangwa-ngunan anu digarap ku ramana. Sate-rusna anu nyangking kakawasaan turuntumurun ti generasi ka generasi tepi kataun 1819 Masehi, dina mangsa BiupatiRaden Sacanata. Parnarentahan HindiaWalanda marentahkeun supaya puseurdayeuh pindah ka Sindangkasih.

Ti harita karajaan dilebur ganti jadipamarentahan kabupaten. Puseur pa-marentahan pindah ka Majalengkamasih bawahan Sindangkasih BupatiSacanata diganti ku putrana nyaeta AryaSacanata. Arya Sacanata kagunganputra jenenganna Pangeran Sumana-gara anu saterusna kagungan putra istri

Makam Sunan Wanaperih (potret: tim peneliti)

r.Menhir jeunq makam murid Raden Panglurah di Gunung Bitung

jenengan Nyi Raden Angkrek nu nikahjeung Kartadilaga terus kagungan putrajenengan Raden Natakusumah diCikaray·Talaga. Rundayanana tepi kaayeuna aya keneh turta milu miara, nga-mumule jeung ngajaga barang-barangpusaka titinggal Karajaan Talagamang-gung, di antarana baju beusi kere), area,waditra Sunda, goong renteng jeungloba-Ioba deui. Ari ngadegna museumTalaga awal-awalna 'dina· taun . 193-harita parnarentah daerah kabupatenMajalcngka nohonan pameredihYayasan Talagarnanggung anu hayangboga museum aim pantes tur amankieur tempat nyimpen barang-barangpusaka titinggal Karajaan Talagamang-gung. Sabab ayana museum pikeun ciribenerna baheula di.Talaga kungsi ayakarajaan .nu mashur, Ku pamarentahkapikir di cnyana ayana museum di Ta-laga mutlak perclu, Di museum disim-

pen oge barang-barang keramik Cinajaman Dinasti Ming. Nyirikeun yen ba-heula Karajaan Talaga geus boga hubun-gan luar negri. Prof. Nina anu mingpinTim Panaliti najan aya keneh ka-panasaran, netelakeun sugema. Di an-tarana Nina masih gede kapanasaran kulobana urang Palembang anu ngumbaradi Talaga, malah aya anu ngajodo kaurang Talaga, nurunkeun rundayan anti"din a umumna hirup tina usahadagang.Baheula mah mirutkeun kulawargaTubagus Hasanuddin, umumna dara-gang minyak. Naha lobana urang Palem-bang di Talaga aya hubunganna jeungPalembang Gunung? Sajeroning kituaya kapanasaran age ku hade hatenaurang Talaga anu henteu neundeunceuceub tepi ka turun kapamalian kaurang Palembang anu baheula nelasanrajana.t";" (HRS)

top related