bab iii mÉtode panalungtikan 3.1 lokasi jeung...
Post on 30-Nov-2020
1 Views
Preview:
TRANSCRIPT
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan
Lokasi panalungtikan mangrupa tempat di mana panalungtik
meunangkeun data panalungtikanana. Ari subjék panalungtikan nurutkeun
Arikunto (2010, kc. 188), nyaéta subjék nu dituju pikeun ditalungtik ku
panalungtik. Anapon lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung. Ari subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu jumlahna aya 29 urang; 12 urang
siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pre-test and post-test
group design. Dina ieu desain, tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Tés nu dilakukeun
saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tés awal (pre-
test). Ari tés nu dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
induktif disebut tes ahir (post-test). Éta desain téh digambarkeun sakumaha ieu di
handap (Arikunto, 2010, kc. 124).
X
Katerangan:
: Tés saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés awal atawa
pre-test)
: Tés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés ahir atawa
post-test)
X: Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).
40
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3 Métode Panalungtikan
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kuasi ékspérimén
atawa ékspérimén semu. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran mikir induktif.
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional
3.4.1 Variabel
Variabel nyaéta objék atawa naon-naon anu jadi puseur tilikan hiji
panalungtikan. Dina panalungtikan anu némbongkeun ayana hiji perlakuan
(treatment), geus pasti aya variabel nu mangaruhan jeung dipangaruhanna.
Variabel anu mangaruhan disebut variabel bébas atawa independent variable (X).
Ari variabel nu dipangaruhan disebut variabel kauger atawa dependent variable
(Y) (Arikunto, 2010, kc. 161).
Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran mikir induktif mangaruhan kana
kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman. Jadi, modél
pangajaran mikir induktif téh variabel bébas (X) lantaran mangaruhan kana
variabel Y. Ari variabel kaugerna (Y) nyaéta kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,
jeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X.
3.4.2 Wangenan Operasional
Wangenan operasional mangrupa pedaran istilah-istilah nu aya patalina
jeung variabel-variabel panalungtikan. Tujuan ayana wangenan operasional
sangkan éta variabel-variabel jelas, ku kituna teu nimbulkeun ayana salah tapsir.
Anapon wangenan operasional dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di
handap.
41
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1) Nurutkeun Uno (2011, kc. 12), modél pangajaran mikir induktif dina ieu
panalungtikan mangrupa salasahiji modél anu kaasup kana kelompok modél
pangajaran ngolah informasi (information-processing models). Tujuan ieu
modél téh pikeun ngalatih siswa diajar mikir sacara induktif; nyieun konsép
sakaligus ogé ngajarkeun éta konsép jeung cara ngalarapkeunana
(generalisasi). Léngkah-léngkah ieu modél ngawengku diajar ngawangun
konsép (ngira-ngira jeung nyieun daptar, ngelompokkeun, sarta nyieun
katégori jeung ngaran), nguji data (ngaidéntifikasi hubungan-hubungan
penting, ngaéksplorasi hubungan-hubungan, jeung nyieun kacindekan), katut
ngalarapkeun konsép (ngira-ngira konsékuénsi, ngajelaskeun kaayaan séjén,
jeung nyusun hipotésis; ngajelaskeun pangira jeung hipotésis; sarta nguji
bebeneran pangira).
2) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu mangrupa kamampuh siswa
kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngalarapkeun
vokal é, e, jeung eu nu mibanda ciri séwang-séwangan.
3) Nulis mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa
dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Ari karangan pangalaman atawa
tulisan pribadi nyaéta wangun tulisan anu eusina ngeunaan pangalaman
pribadi nu nulis (Tarigan, 2008, kc. 31). Jadi, nulis pangalaman mangrupa hiji
kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa anu eusina ngeunaan
pangalaman pribadi nu nulis dina kertas atawa média séjénna ku parantina.
Jadi, modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 téh nyaéta hiji panalungtikan anu
ngagunakeun modél pangajaran nu mibanda tujuan ngalatih siswa kelas VII-I
SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 diajar mikir sacara induktif sarta
ngagunakeun léngkah-léngkah diajar induktif sangkan ngaronjat kamampuhna
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina kagiatan nurunkeun lambang-lambang
42
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
grafik hiji basa nu eusina ngeunaan pangalaman pribadi siswa; dina kertas atawa
média séjénna ku parantina.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nyaéta
pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data
panalungtikan sangkan pagawéanna leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé
(taliti, lengkep, jeung sistematis), ku kituna éta data leuwih babari diolah. Anapon
instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta soal tés préstasi
(achievement test) anu ngawengku soal tés awal jeung ahir sakumaha ieu di
handap.
1) Soal tés awal (pre-test) dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik éssay
atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I
SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun
modél pangajaran mikir induktif.
2) Soal tés ahir (post-test) dina ieu panalungtikan ogé ngagunakeun téhnik éssay
atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I
SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran mikir induktif.
Anapon wangun soal tés awal jeung ahir dina ieu panalungtikan téh
sakumaha ieu di handap.
Wasta :
No. Absén :
Kelas :
Pék jieun ku hidep hiji karangan dumasar kana pangalaman sorangan
kalayan katangtuan ieu di handap!
1) Jejerna bébas.
2) Eusi karanganna sakurang-kurangna dua paragrap.
3) Gunakeun éjahan vokal é, e, jeung eu katut basa nu bener jeung merenah.
_______________________________________________________________
_______________________________________________________________
_______________________________________________________________
_______________________________________________________________
43
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh ngalarapkeun
vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29
Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran mikir induktif téh nyaéta tés préstasi (achievement test).
Anapon léngkah-léngkah dina ngumpulkeun éta data dipedar sakumaha
ieu di handap.
1) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun
soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina
nulis pangalaman saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés
awal atawa pretés).
2) Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).
3) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun
soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina
nulis pangalaman sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés
ahir atawa postés).
3.7 Téhnik Analisis Data
Téhnik analisis data digunakeun pikeun néangan jawaban-jawaban tina
rumusan masalah anu dipedar dina bab I. Anapon data nu dianalisis dina ieu
panalungtikan téh nyaéta data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina
nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
44
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
induktif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 278), léngkah-léngkah éta analisis data
téh ngawengku persiapan, tabulasi, jeung cara ngalarapkeun data anu dipedar
sakumaha ieu di handap.
3.7.1 Persiapan
Saméméh data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dianalisis,
aya sababaraha persiapan nu kudu dilakukeun heula ku panalungtik sakumaha ieu
di handap.
1) Mariksa ngaran jeung kalengkepan idéntitas siswa kelas VII-I SMP Negeri 29
Bandung taun ajaran 2013/2014 nu aya dina lambar instrumén.
2) Mariksa kalengkepan eusi instrumén data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,
jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung
taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran mikir induktif, kaasup kalengkepan lambar instrumén bisi aya nu
leungit atawa soék.
3) Mariksa wangun eusi data bisi aya data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,
jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung
taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran mikir induktif nu teu dipiharep ku panalungtik, padahal eusi éta
data téh mangrupa hal anu kacida penting.
3.7.2 Tabulasi
Sanggeus ngalakukeun persiapan saacan data kamampuh ngalarapkeun
vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29
Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran mikir induktif diolah, éta data téh kudu ditabulasikeun heula ku cara
méré skor (peunteun atawa niléy) jeung kode-kode kana bagian nu perlu dibéré
45
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kode. Pikeun ngababarikeun éta tabulasi, dina nganalisis data digunakeun tabél
3.1 ieu di handap.
Tabél 3.1
Format Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman
Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014
Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif
No. Ngaran
Siswa
Kecap
nu
Dilarapkeun
Frékuénsi
Dilarapkeunna
Éjahan Vokal
é, e, jeung eu
*Kecap
nu
Sakuduna
Bener Salah
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
Jumlah
Katerangan:
* Kecap nu sakuduna; dieusian lamun kecap nu dilarapkeun salah.
Lamun kamampuh siswa geus dianalisis ngagunakeun tabél 3.1, pikeun
nangtukeun peunteunna téh digunakeun rumus ieu di handap. Geus kitu, hasilna
dirobah deui kana peunteun skala lima sakumaha dina tabél 3.2 ieu di handap.
Katerangan:
P: peunteun kamampuh siswa
ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener
ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu.
Tabél 3.2
Peunteun Skala Lima
Interval Perséntase
Tingkat Kamampuh
Peunteun Skala Lima Katégori
0-4 E-A
85% - 100% 4 A Hadé pisan
75% - 84% 3 B Hadé
60% - 74% 2 C Cukup
40% - 59% 1 D Kurang
P = Σ
Σ x 100
46
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
0% - 39% 0 E Goréng
(Nurgiyantoro, 2001, kc. 399)
Nurutkeun Nurgiyantoro (2011, kc. 401), dina skala lima mah siswa nu
dikatégorikeun mampuh atawa lulus téh nyaéta siswa nu meunang peunteun C
atawa cukup ka luhur.
Geus kitu, hasil analisis kamampuh siswa nu geus dijumlahkeun bener,
salah, jeung sakabéh kecap larapna vokal é, e, jeung eu dina tabél 3.1 katut
peunteunna téh diasupkeun kana tabél 3.3 sakumaha ieu di handap.
Tabél 3.3
Format Peunteun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman
Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014
Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif
No. Ngaran
Siswa
TK
(%)
P Katégori
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
Jumlah
Rata-rata
Katerangan:
ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener
ΣS: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu salah
ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu
TK (%): perséntase tingkat kamampuh siswa
P: peunteun.
47
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.7.3 Cara Ngalarapkeun Data
Data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman
siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nu geus ditabulasikeun
téh tuluy diolah ngagunakeun statistik anu léngkah-léngkahna ngawengku uji sipat
data, gain, jeung hipotésis.
3.7.3.1 Uji Sipat Data
Uji sipat data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif téh dibagi
deui jadi dua bagian nyaéta uji normalitas jeung homogénitas.
1) Uji Normalitas
Uji normalitas mangrupa salasahiji bagian tina uji sipat data kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji normalitas nyaéta pikeun
mikanyaho normal henteuna éta data. Salasahiji cara uji normalitas téh nyaéta
ngagunakeun rumus chi-kuadrat ( ). Ku kituna, dina ieu panalungtikan ogé
digunakeun rumus chi-kuadrat. Dina ngagunakeun rumus chi-kuadrat, aya
sawatara léngkah nu kudu dikerjakeun heula sakumaha ieu di handap.
a) Ngitung Daérah Jangkauan Data (Range)
Daérah jangkauan data (range) nyaéta béda peunteun nu panggedéna
(maksimum) jeung pangleutikna (minimum), nu rumusna sakumaha ieu di handap
(Subana spk., 2010, kc. 38).
r = -
48
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Katerangan:
r : jangkauan data (range)
: peunteun panggedéna
: peunteun pangleutikna
b) Ngitung Lobana Kelas
Dina ngitung lobana kelas, aya hiji aturan atawa rumus nu ditangtukeun ku
H. A Struges nu disebut aturan Struges sakumaha ieu di handap (Subana spk.,
2010, kc. 39).
Katerangan:
k: lobana kelas
n: lobana data (frékuénsi)
3,3: bilangan konstan
c) Ngitung Interval Kelas
Interval atawa panjang kelas nyaéta béda peunteun nu panggedéna jeung
pangleutikna dibagi lobana kelas. Ieu interval téh ditangtukeun ku rumus
sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 39).
Katerangan:
p: interval/panjang kelas
r: jangkauan data (range)
k: lobana kelas
d) Nyieun Tabél Wates Kelas
Wates kelas hiji interval (wk) nyaéta peunteun-peunteun sisi nu aya dihiji
kelas nu ngawengku peunteun sisi handap atawa wates handap jeung peunteun sisi
k = 1 + 3,3
p =
49
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
luhur atawa wates luhur kelas anu dieusikeun kana tabél ieu di handap (Subana
spk., 2010, kc. 40).
Tabél 3.4
Format Wates Kelas
No. Peunteun Kelas Interval Frékuénsi
(1) (2) (3)
Jumlah
e) Ngitung Peunteun Tengah Kelas
Peunteun tengah kelas nyaéta peunteun nu posisina aya di tengah-tengah
kelas, nu dianggap ngawakilan hiji interval tinangtu anu rumusna sakumaha ieu di
handap (Subana spk., 2010, kc. 41).
f) Nyieun Tabél Distribusi Frékuénsi
Dina ngitung distribusi frékuénsi, digunakeun tabél sakumaha ieu di
handap (Sudjana, 2005, kc. 96).
Tabél 3.5
Format Distribusi Frékuénsi
No. Peunteun
Kelas
Interval
(
)
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Jumlah
Katerangan:
=
50
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
: jumlah data
: peunteun tengah.
g) Ngitung Standar Déviasi (Sd)
Dina ngitung standar déviasi (Sd), rumusna téh sakumaha ieu di handap
(Sudjana, 2005, kc. 95).
Katerangan:
Sd: standar déviasi
Σ: jumlah (sigma)
: jumlah data
: peunteun tengah
n: jumlah subjék panalungtikan
h) Ngitung Rata-rata (Méan)
Dina ngitung rata-rata (méan), rumusna téh sakumaha ieu di handap
(Subana spk., 2010, kc. 65).
Katerangan:
: rata-rata (mean)
Σ: jumlah (sigma)
: jumlah data
: peunteun tengah
i) Ngitung Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi
Dina ngitung frékuénsi obsérvasi jeung ékspéktasi, digunakeun format
tabél 3.6. Anapon léngkah-léngkahna gé dijelaskeun sakumaha ieu di handap
(Subana spk., 2010, kc. 125).
Tabél 3.6
Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi
=
sd = √ (
) ( )
( )
51
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
No. Peunteun
Kelas
Interval
Wk L ( )
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
Jumlah
Katerangan:
Wk: wates kelas
: Z wates kelas
L: lega Z tabél
: frékuénsi ékspéktasi
: frékuénsi observasi
( )
: Chi-kuadrat ( )
Léngkah-léngkah:
(1) Nangtukeun wates kelas (wk).
(2) Ngitung Z wates kelas (transformasi normal standar bébas kelas) nu rumusna:
(3) Nangtukeun Z tabél.
(4) Ngitung lega Z tabél, nu rumusna:
(5) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, nu rumusna:
(6) Nangtukeun frékuénsi observasi atawa lobana data nu kaasup kana hiji kelas
interval ( ).
(7) Ngitung chi-kuadrat, nu rumusna:
j) Nangtukeun
k) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)
=
L = -
= n x L
( )
52
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), digunakeun rumus:
l) Nangtukeun Normalitas Distribusi Data
Pikeun nangtukeun normal henteuna distribusi data, éta hal téh
didadasaran ku kritéria ieu di handap.
(a) Saupama < , hartina distribusi data normal.
(b) Saupama > , hartina distribusi data teu normal.
2) Uji Homogénitas
Uji homogénitas mangrupa bagian tina uji sipat data kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji homogénitas téh pikeun
mikanyaho variasi éta data naha sarua (homogen) atawa henteu. Anapon léngkah-
léngkahna téh sakumaha ieu di handap.
a) Ngitung Variasi Data
Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 95), pikeun ngitung variasi data, rumusna:
b) Ngitung Harga Variasi Data
Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 250), pikeun ngitung harga variasi data,
rumusna:
c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)
dk = k - 3
= (
) ( )
( )
f =
53
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251) pikeun ngitung darajat kabébasan
(Dk), rumusna:
d) Nangtukeun
e) Nangtukeun Homogén Henteuna Data
Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251), pikeun nangtukeun homogén henteuna
data didadasaran ku kritéria ieu di handap.
(1) Saupama < , hartina distribusi data homogén
(2) Saupama > , hartina distribusi data teu homogén.
3.7.3.2 Uji Gain
Uji gain miboga mangpaat pikeun nangtukeun naha aya béda nu signifikan
antara kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa
kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Anapon pikeun
ngababarikeun éta uji gain digunakeun tabél ieu di handap. (Subana spk., 2010,
kc. 131).
Tabél 3.7
Format Uji Gain Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman
Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014
Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif
No. Ngaran
Siswa
Peunteun d = y – x
x y
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
dk = n - 1
54
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Jumlah
Rata-rata
Katerangan:
x: kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif
y: kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif
d: gain.
3.7.3.3 Uji Hipotésis
Nurutkeun Subana spk. (2010, kc. 118), uji hipotésis mibanda mangpaat
pikeun nangtukeun hasil ahir dua pilihan hipotésis; naha éta hipotésis téh
ditarima atawa henteu. Aya dua cara nu bisa digunakeun dina uji hipotésis nyaéta
statistik paramétrik jeung nonparamétrik. Éta dua statistik téh dipedar sakumaha
ieu di handap.
1) Statistik Paramétrik
Statistik paramétrik digunakeun saupama uji normalitas data kamampuh
ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP
Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun
modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu normal. Salasahiji
métode statistik paramétrik nu bisa digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta
uji t (t test). Anapon rumus-rumus éta uji t nurutkeun Arikunto (2010, kc. 349)
sakumaha ieu di handap.
a) Ngitung Rata-rata (Mean)
Pikeun ngitung rata-rata (mean), rumusna:
Md =
55
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b) Ngitung Jumlah Kuadrat Déviasi
Pikeun ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna:
c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)
Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna:
d) Ngitung t rumusna:
Katerangan:
Md: rata-rata (mean)
d: gain
N: jumlah subjék dina sampel
Σ : jumlah kuadrat deviasi
t: tés signifikansi.
e) Nangtukeun Ditarima Henteuna Hipotésis
Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh
didadasaran ku kritéria ieu di handap.
a) Saupama > , hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung
hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa
ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
= -
t =
√
( )
dk = N - 1
56
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014.
b) Saupama < , hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis
gawé ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa
ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014.
2) Statistik Nonparamétrik
Statistik nonparamétrik digunakeun saupama uji normalitas data
kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas
VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu teu
normal. Salasahiji métode statistik nonparamétrik nu bisa digunakeun dina ieu
panalungtikan téh nyaéta uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 453),
pikeun ngababarikeun éta uji Wilcoxon, digunakeun tabél ieu di handap.
Tabél 3.8
Format Uji Wilcoxon Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman
Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014
Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif
No. Ngaran Siswa Béda
( – )
Jenjang
| – |
Tanda Jenjang
+ -
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1.
2.
Jumlah
Rata-rata
Katerangan:
: peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir
induktif
: peunteun kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
57
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
induktif .
Ari léngkah-léngkah pikeun ngeusian éta tabél di luhur téh sakumaha ieu
di handap.
a) Asupkeun peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran
mikir induktif kana kolom tilu jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran
mikir induktif kana kolom opat.
b) Itung béda (selisih) peunteun kamampuh saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dina kolom lima.
c) Itung niléy jenjang dina kolom genep tuluy susun ti mimiti nu pangleutikna
nepi ka nu panggedéna.
d) Asupkeun niléy jenjang nu positif kana kolom tujuh jeung nu négatif kana
kolom dalapan.
e) Tingali tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon.
Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh
didadasaran ku kritéria ieu di handap.
a) Saupama < , hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung
hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa
ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014.
b) Saupama > , hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung
hipotésis kerja ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa
ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran
2013/2014.
top related