sajak sunda
Post on 14-Dec-2015
489 Views
Preview:
DESCRIPTION
TRANSCRIPT
hjlSAJAK-SAJAK SUNDA
Janari Katompernakeun
Peuting tadi taya hujan nu marengan sawangan.ukur aya kalakay ragrag jeung angin nu niupkeun salempang.wanci janari nu katompernakeun pikir kumalayang neangan harepennu can tangtu iraha ngwujud kanyataan.kanyaah jeung ka tresnamasih kalindih halimun.Satungkebing langit salega jagad nyaksi ngajadi hiji
Sareupna sabada hujan
aya cileuncangnyalangkrung di tepas imah,tina sela-sela dahan arumanisngeclakan sesa cihujan siga nu peunggas harepan
20 02 1983(aya nu ceurik dipapag gelenyu imut ibu)
kuring nu panungtungceuk itungan mah dinu kaduaayeuna jangkep leuwihna salapan poesatutas anjeuna mulang ka alam lanamun seug direndengkeun tantunajadi angka 29panceg kana waktu kuring kumelendang di pewaenangancohagna nambahan itungansajatiina ngurangan lengkah jeung rongheapna nafas.
#20 02 2012#(aya katineung kanu mulang sataun katukang)
Nu mulang sataun katukang(pihatur pun biang)
Langit haleungheum ceudeumnalika girimis nganteur nu mulangdibarung keclakna cimata
pucuk-pucuk eurih luak-leokkasapu angin nu ngaharewoskeun kingkinsapanjang jalan kaliwatan
*Batu reokmungkas carita anjeun tibradi alam lana
*Pamakaman di wewengkon Panjunan Sumedang
Asih halimun
hawar-hawar angin ngageuing katresnanyimpaykeun raga katineung ka anjeundina bulan lumambrak urang patepungsilih titip asih,pada nunda kanyaahkeundilingkup halimun dipasieup kaheman
Ngalalana
jSatutasna rereuh di satengahing margalaku jumurung waktulumampah nikreuh mapay laratanpanutan ajeun teu weleh dina implengan
Layon saha eta
Bangke saha eta,ngajepat sisi jalan pasampangantaya nu mirosea buruk teu puguh rupa
layon saha eta,ngajepat dinu amparan permadaniditarete malati jeung kanangapada nyengcerikan
naon bedana manusa,
Rumpaka
Kinanti Pamageuh atiRumpaka diwangun padalisanJati hamo kasilih juntiSunda midang makalangan
Wanci
tengah peutinganjing rageg patembalanmarengan hujan ngaririncik
Gayatri
langit ceudeumditema mega nu alumajeun nganti nu tigin jangjinyatana sulaya nyanding kiwari
anjeun Gayatridareuda nahan cimatalantaran inyana mungkas harepansatengahing sagara asih
Gayatrimungkas katresnangemasing paiti tumekaning perlayagirimis nu nyaksibalati tiliam asih nembusjajantung.
GayatriII
Teu kungsi lilaanjeun datang deuisalin jinis jadi malatimu mekarna tungtung kaduhungsabab kalindih halimunkatugenah
Kingkilaban mangsa janari(keur anjeun nu ngancik na ati)
Kingkilaban ngagurat langitmarengan angin nu ngaharewoskeun kaasihnajan nyamuni dina rongheapna nafas
pucuk-pucuk waktu ting garupayngagentra katresna nu lumampahmapay rasa nyiar rumasasajeroning sukma
anjeunnu nyebit asih dinu atingaguar carita katresnangolebat na kongkolak socamugi duriat nyanding bagja salawasna
sababsatungkebing langit salega jagadnyaksi ngajadi hiji.
n
Diajar maca jeung nulis
Kuring tehkeur diajar maca jeung nulis,muga anjeun surtikana pasininu jadi tanda tanyaantara kanyataanjeung rasanu pagaliwotadina saban lampah mangsa
Mega Alam(keur ki sobat)
bareto na tungtung lakumeh bae inyana kasarung,ayeuna inyana tijalikeuhdi jalan nu sabenerna kungsi kaliwatan,meureun geus guratna kitukabawa anging kalimpud angkeubnu mayungan buana
balebat di purworejo
isuk-isuk haritabalebat di alun-alun purworejo
anjeun imut bari ngagentraan kaheman
Sabada Isya(keur Bapa nu mulang sabada Isya)
Aya nu tilar dunyanalika peuting mimiti ngalengkahdipirig ku rincikna sora hujanditema kalam mulya nu dareudadibarung keclakna cimata
#07042012#
Sawah
sakotakan keur dipaculanHawar-hawar bedug asar ngageroantuluy hanjat kana galenganbari nyusut kesang ku lengen nu lmokot leutak
laku sakadang heulang
ngarongheap.... bari enteup dina dahan
Nalika
Malati ligar di lamping pasir
marengan sumirat balebat
medal gurat sajak
nu can angeus dikotret
dina pucuk-pucuk halimun
Kiwari
Sabada nyutat rumpaka nu salah mangsa
naha gening taya mulang deui
sagara kaler guligah hadaruan ombakna
anjeun ngilang taya mulang deui
tigin jangji jadi tanya na tungtung tanda
Jalan Hirup
Rupa-rupa pasualan datang
marengan lengkah nyorang jalan kahirupan.
Sakapeung sok ngarasa yen hirup teh
asa diteungteuinganan ku kanyataan.
Tapi sajatina mah meureun
eta teh mangrupa bagian tina jalan hirup nu kudu dilakonan.
Paralun gusti teu niat aral subaha
ngan kuring remen ngarasa katurug katutuh.
Tapel Wates
Hujan ngaririncik dipapag kuanjing nu rageg patembalantiris karasa liwat sakingmarengan guligahna rasa nu nguwak ngawik tiap jeungkal rumasa
Lawas mangsakuring teu nepungan anjeun,hirup ukur mapay-mapay dunyadikerewed ku nafsu dibakutet ku pangabutuhantukna batan wawuh malah jauh
Jungjunan,kiwari wanci janari nu katompernakeunnyata karasa dosa meulit ka puhu leungeunatra katembong lampah teu munasabah Sumegruk eurih-euriheun balilihanlantaran peuting rek miang ninggalkeunmangsa dunya nu teu lana
(1) BUDAK PAHATU LALIS
Dua budak pahatu lalisadi lanceuk awéwé lalakikasarung di leuweung ganggongadina ceurik ngalengismana jalan geusan balik.
Budak lalaki ngala kupaleungeunna parigel metikbuah kupa dialungkeundipulungan ku adina.
Tina rungkun buni kacidaluar-léor oray sancagep ngegél awak adinanu keur anteng murak kupa.
Jrut turun budak lalaki
ana rét ka sakurilingSi Nyai ka mana geuningreuwas kacida teuing.
Manuk Cukrik disada semu nalangsa“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”pucuk eurih bakal matihSi Nyai bakal kapanggih.
Geberan ku hihid ainghihid aing kabuyutanmawa bayu kahuripan.
“Geber-geber hihid ainghihid aing kabuyutantitinggal nini awaking”.
Usik ngulisik raga tangtunganparipurna hirup warasku saktina rasa asih.
(2) BUDAK SAKTI
Budak leutik bisa ngapungjangjangna kulit salapishiberna di langit peutingludeung ngambah jomantaradisadana tingkoréakkaresepna bubuahannu amis semu kareueut
Budak leutik bisa ngapungbudak nu kacida saktinu kitu naon ngarana?
(3) NINI ANTÉH
Di langit bulan nembongan
cahayana hurung ngempurngadamaran alam dunya.
Di bulan Nini keur antengngentrung ninun kaén poléngawak Nini mani bongkokbalas terus baé ninunmeureun geus rebuan taun.
Di bulan Nini bumetahdibaturan Candramawatbuluna nu tilu warnawatekna matak diasih.
(4) SAMAGAHA
Bulan di langit ngaleungitmeureun disumputkeun nagabumi alam poék mongkléng.
barudak récét di buruansorana patembalanSamagaha! Samagaha!
Aya kahariwangdina haté séwang-séwanganbulan sirna.
Ting berebet barudak ka pipir imahtutunggulan dina lisungrampak narakol kohkolngusir naga sina nyingkirnaga nyingkahbulan ngempurbumi alam caang deui.
(5) SAKADANG MONYÉT MALING CABÉ
Sakadang kuya jeung Sakadang monyétsuka bungah maling cabé
cabé beureum matak uruylada haneut kana beuteung.
Seuhah lata-lata, seuhah lata-latacabé beureum cabe ladacabé arasak kacida.
Keur jongjon datang Pa TaniSakadang monyét ngabecirsieun katéwak Pa Tani.
Kuya geuwat gancang nyumputdi tempat nu rada bunitapi katénjoeun mantén.
Pa Tani bungah kacidadaging kuya rek diolahlumayan keur deungeun sangu.
Sakadang kuya katéwakdipangku dibawa balikdikurung tukangeun imah.
Ngalongok Sakadang monyétsuka bungah ngahiliancenah bakal dikawinkeunka anakna Bapa Tani.
Isukna datang Pa Tanisuka bungah muru kandangnyorén bedog meunang ngasah.
Pa Tani ambek kacidanu aya di jero kurungbangké Sakadang monyét.
Monyét morongkol dicekeldibalangkeun ka nu balamonyét cengkat ngaréngkénékngabecir lumpatna tarik.
(6) PAPARAHUAN
Manintin manuk Manintinpaparahuan reujeung Tunggeuparahuna cangkang bonténgbonténg suri anu gedé.
Soloyong angkleung-angkleungankakawihan suka bungah
“Tin, tin, Manintingengngng!”
Katembong ku Caladi Kundangngageleber hiberteup enteup na parahunu tiluan kakawihan
“Tin, tin, Manintintoroktok, tokgengngng!”
Kapanggih ku anak Monyétclak tumpak parahunu opatan kakawihan
“Tin, tin, Manintintoroktok, toknguuukgengngng!”
Kitu jeung kitudisarada patémbalansuka bungah kakawihanméméh surup sarangéngé.
(7) SILIH TULUNGAN
Nyiruan dina pancurantiteuleum méh baé paéhTitiran nenjo Nyiruankanyaah mapaés haté.
Geuwat metik dangdaunandiragragkeun kana caingarayap éta Nyiruanteu tulus nemahan pati.
Titiran ku paninggarandiintip-intip dipanahNyiruan mulang tarimanyeureud bitis paninggaran.
Paninggaran ngagurubugteu tulus manah Titirangeus lésot kabéh bangbaluhlantaran silih tulungan.
(8) BUDAK BUNCIR
Si Buncir naheunkeun bubupareng meunang anggay-anggaydiwadahan kana batok.
Hayam macok anggay-anggaySi Buncir boga paméntahayam nu jadi gantina.
Hayamna katinggang haluatuh paéh saharitahalu nu jadi gantina.
Haluna katincak mundingsabab potong ménta gantiSi Buncir dakwa ka hakimmunding milikna Si Buncir.
Mundingna katinggang limuspaéh ménta digantian
ku Ki Tani diturutkeunbuah limus matak uruy.
Demi Nyi Putri ningalikacida pisan palaynalimus dipesék dituangséép ngan tinggal pelokna.
Nyi Putri jadi gantinaBuncir teras salin rupajangkung pohara kasépnakatelahna Gandarasa.
(9) BUDAK HIDEUNG
Budak hideung goréng rupabuuk ngarambueuk rintitku indung pulung diasihlantaran ku daékanana.
Teu saeutik nu ngahinapasrah narimakeun nasibkanikmatan tanpa tepipermata nu pangmahalna.
Si hideung muka buntelanhoréng eusina teh waluhdibantingkeun kana batubray beulah hérang ngagenyas.
Janggélék hiji nagarabudak hideung salin rupasatria gagah perkasaDanuwarsa katelahna.
(10) CINGCIRIPIT
Ngariung di pakalanganwaspada ngantelkeun curukcuruk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeundampal leungeun dikeupeulkeun“jék-jék nong”nu kacapit tunggu lawang.
(11) NGADU PANGGAL
Prung tarung di pakalangannu jadi kawih pamuka:
“Tung-tung-brungkali tanjungbarangbang kali parangpangpadakutik padasemprung”.
Breng panggal diparuihkeunmuih dina jero kalangbeletak papada panggalpanggal ngacleng ngagolépakpanggal muih pangleletnapunjul ngajadi raja.
(12) TITINGGI ULA-ALI
Karémbong meulit na cangkéngtungtungna pada nyekelanantay-antayan leumpangnaniru-niru titinggimajuna ongko-ongkoanbulat-beulit, arula-arileunguriling kukurilinganhulu ngudag-ngudag buntutsina néangan nu leungit.
Nu dimaksud geus kapanggihbuntut kudu jadi huluari hulu jadi beuheungkitu jeung kitu tuluynasagala-gala walatrataya nu paheula-heula.
(13) LANGLAYANGAN
Langlayangan kumalayangngalayang di méga malangpaheula-heula jeung heulangsukan-sukan sukahayang.
Mipir langit nyorang méganyawang anggang di buanaamparan handapeunanatanah éndah alam Sunda.
(14) SURUNG MUNDING
Surung munding, surung mundingkaulinan budak lalakingutamakeun kakuatannu maén pahareup-hareuppakuat-kuat tanaga.
Surung munding, surung mundingnu lalajo suka bungahngariung bari ngarawih:
“géré tong-géré tongnu éléh dipotonggéré tong-géré tongnu éléh dipotong”.
Géré tong-géré tongparancah méméh lumampahngagéré haté lalakiludeung teuneungrahayu jaya waluya.
(15) CAANG BULAN
Baheula nu dipigandrung
caang bulan opat welasngabungbang pinuh kabungahgalumbira gogonjakanbari kakarawihanlaguna lagu bulan tok;
“Bulan tok, bulan tok,bulanna sagede batok,didudut disantok,aya ucing keur anakan”.
Meungpeung bulan ngagantengarulin masing arantengnganteur kahayang nu manteng.
(16) PACICI-CICI PUTRI
Dampal leungeun nu katuhunu kénca oge nya kituditangkubkeun ka palupuhdisodorkeun keur ngariungditunjukan bari imutditetel-tetel ku curukkawihna lagu nu matuhdikawihkeun ku lulugu:
“Pacici-cici putritérélék kembang celempungada nona ada tuankalau mau kembang apa?”
“Hayang kembang Kamuning!”“Hoyah, ari balik nungtun munding!”
Nu ngariung surak kabéhgogonjakan suka bungah.
(17) ULIN DI WALUNGAN
Ngabring arinditarulin ka walungan seja ngojayjleng gejebur, jleng gejeburngarojay patengah-tengahngalangkarak babalapanpapalidan ka hilirkeunpalila-lila teuleumnaicikibung peperangansilih simbeuh silih cemplang.
(2) HIRUPOleh Ato Paskal
Hirup lir ibarat lengkahSing ati ati tur taraptinincak ulah ngan saukur lengkahbari komo jeung dudupak rurumpakbisi manggih beling nu pastina bakal nygagk
Hirup jeung kahirupanlir ibarat lengkah jeung tujuanlengkah merenah nu ku dilampahtinangku barokah tujuan nu ku urang baris kahontal
Panggoda dunya tong dijadikeun alasanpikeun ngalengkah salahlantaran bala tangtuna bakal karasa
Kamajuan dunya kudu dibarengan ku motekar akaljeung lengkah nu basajanlengkah merenah kahirupa barokah
(3) ANAKINGAto Suharto
Anaking...regepkeun piwuruk ema hidepsangkan hirup rahayujeng berkah tur bagja
Anaking..tiru jeng gugu pasipatan emasabab ciri sagala wanoja natraaya dina diri ema
Bapa bagja rumah tangga jeung emanajan kadang sok manggih tunggaraema tetep ngawula ka bapapinuh ku rasa katresna
Anaking..hirupmah sadar jeung elingmun hideup mamawa wejangan emabakal pasti salawasna eling
Anaking..hideup geus nincak mangsa dewasaomat ulah kagoda ku hawa dunyanu kadang mawa cilaka
Bapa jeung ema teu boga warisan banda poharateu boga tanah nu legakomo deui emas permata
Bapak jeung ema ngan boga do'asangkan hideup hirup waluyadibeungkeut ku iman jeung takwabekel urang ngumpul engke di surga
(4) CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULAAto Suharto
Rundayan carita mangsa haritamasih natra dina rasatatali asih nu mengkeut pageuhnepi ka kiwari tetep euntreupkawas si leugeut teureup
Katresna teu ilang singraynajan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogotnajan jiwa geus teu deui ngora
Duh Gusti nu maha welas tur asihjagi tali rabi abdi dugi ka aki niniteubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri
Nyai panutan akangkasatiaan modal utamaulah nepi ka dirogahalaku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara
Kabagjaan lain diukur ku lobana branalain dihias kureuncemna emaskabagjaan pasti nyaangan urangmun iman jeung takwa jadi sareat urangdina enggoning ngabangun rumah tangga
Rundayan carita katresna harita jeung ayeunaurang jaga ulah nepi ka sirnasangkan urang tetep waluyanepi ka pantona sorga..
Amin....(5) URANG JEUNG WAYANG
Ato Suharto
Kiwari lain kamari tapi ayeunaKamari kuduna jadi eunteung pikeun bekelnaratas jalan sangkan lolongkrang,teu katutupan jalan
Lumampah di alam dunyaceunah darma wawayanganusik malik diobah ku dalang
Tapi urang lain wayangsabab wayang moal boga
kahayang,da wayang mangrupa barang
Lumampah urang tangtu ngajojo kahayanghayang tandang, pakan jeung sandangsabab urang boga akal jeung pikiranlain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang
Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit atituluy jadi hoream ngahontal kahayanggagal lain hartina lengiteun akaltapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeunrurungkan nu ngahalangan jalan
Sing percaya kana dirinu dianti pasti ngawujud buktiasal usaha jeung percaya kanu Maha Suci
Urang beda jeung wayanglantaran urang boga akal jeung pikiranwayang ngan ukur parabot dalangnu dipirig ku gamelan dina acara hiburan
(6) KASATIAAN ANJEUNAto Suharto
Dua puluh taun urang ngawangunjuntrung nangtung, panceg teu gedagsagara rumah tangga nu ku urang di sorangteu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang
Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantarankabagjaan nu pohara, najan banda
ngan saayanakasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akangmun rek nganjang ka mojang lian
Geulis...pupusten rasa nu ayeuna ayasangkan rumah tangga tetep waluyanepi ka umur pegat di dunya
Geulis...jaga sing tarapti pangaji dirisangkan Illahi masihan widilaki rabi urang sing nepi ka aki nini
Geulis...buah katresna uranggeus parawan jeung geus bujangrawat ku sayahadat tur shalatsangkan hirupna bisa mangfaat keur umat
(7) KATRESNA AKANGAto Suharto
Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,moal leeh ku serabna panon poenajan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjangcinta akang moal gedag ku panggoda wanoja
Nyai..., cinta akang nu sajatisatungtung anjeun satuhunyumponan kawajiban ka carogeakang moal rek lanca linci luncat mulang
Nyai..., pupunden hate akangtong rempan sanajan urang paanggangcinta akang lain ngan ukur kalangkangclik putih clak herang tresna
akang ngan ukur anjeun
Nyai..., citresna akang nu utamakabagjaan nu ku urang ayeuna dirasaomat ulah nepi ka dirogahalakupangbibita dunya nu moal pasti sampurna
Nyai..., bojo akang anu geulissing tarapti ngajaga dirisangkan urang tetep waluyadina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang
(8)
(9)
(10) Sponsored by
(11) Gaji Pas-Pasan? Meeting? Capek di Jalan? Ingin punya bisnis dengan modal kecil? takut memulainya? Dapatkan Gaji Double sambil ngantor. http://www.sampingan.web.id
Jual Voucher Autosubmit DISKON, Lebih MURAH! Hanya 53ribu/ 2 bulan (Anda hemat 10ribu), Buruan pesan sekarang!. http://www.voucher.web.id
Webhosting Harga Bersaing, Kualitas Prima! WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla http://www.webiihost.com
Belajar berbisnis Mengalihkan belanja bulanan bersama d'BCN dan Oriflame! Suka belanja kecantikan? Dapatkan Produk Gratis senilai Jutaan rupiah dari Oriflame dan dapatkan Income tambahan untuk membantu suami/ Keluarga anda! Cari tahu DISINIhttp://www.TajirKaya.com
Daftar Training ONLINE, GRATIS Selama 20 Jam Berbisnis online bersama d'BC Network untuk meraih kesuksesan finansial
anda, Bisa di Wariskan!http://www.dbc-network.com/index.php?id=tajirkaya Ads by LieZMaya
(12)
(13) Nining meida S - Hariring Kuring (14)20.3.09 2:03 AM Ku Neng Lilis Mayasari
(15)Tengah peuting keur jemplang jemplingKuring nyaring, teu geunah cicingHate melang, sumoreangBuah ati, lawas teu patepang
Cuang cieung, kuring soranganNenggeulis cik pangumbaraanLieuk dengen lieuk lainLaya pisan kesan pamunangan
Rek sasambat ka saha nya nyambatSuwung dulur, walurat sobatSangsang badan, nitipkeunnya diriIwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peutingPangnepikeun hariring kuringKajungjunan nu ngantosanKawih ati nu keur rungsing pusing
Tengah peuting keur jemplang jemplingKuring nyaring, teu geunah cicingHate melang, sumoreangBuah ati, lawas teu patepang
Rek sasambat ka saha nya nyambatSuwung dulur, walurat sobatSangsang badan, nitipkeunnya diriIwal ti ka Gusti hyang widhi
Hiliwirkeun, duh angin peutingPangnepikeun hariring kuringKajungjunan nu ngantosanKawih ati nu keur rungsing pusingKawih ati nu keur rungsing pusin
(16)sumber : http://liriksunda.blogspot.com/2009/03/nining-meida-s-hariring-kuring.html#ixzz2LdPGc400
(17)Anaking…Bismillah ngayuga lampah, AnakingBalukar jangar neunggar kahayangBalukar sasar medar rumingkangSing jembar sabarTong jadi hambar ihtiar…Kalangkang beurang sok ngoloHariring peuting sok ngadodohoRaksa rasa ukir pikir
(18) Mun gering tong rungsingMun cageur tong badeurSujud mun pareng dipindingSukur mun pareng dipondong
(19) Ulah ceurik jadi jalma leutikUlah sombong abong di gedongLain batur, kabeh ge dulurNeang halal, awurkeun amalUlah lieur ku madu dunyadumeh perlaya moal sulaya…
(20) Januari 2008
(21) Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, kehidupan, nasehat | 2 Komentar »
(22) Sumalindung
(23) Posted by Badru Tamam Mifka pada 1 Februari 2007(24)Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layungJung sumalindung kanu AgungDuh, Gusti wiati pangartiNu sajati mariksa atiNu rancage ngawasa simpe hateNu ngatur sesa umurNu suci ngaraksa wanciSalawasna hirup jeung pati moal pahili
(25) Najan gumulung digelung untungNajan nangtung manggung di gunungJung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surtihariring kuringBoh eunteup dina keukeup raheutBoh eunteup dina keukeup geugeutSalawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu…
(26) Sumedang, Februari 2007
(27) Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, nasehat, spiritualitas | Tinggalkan sebuah Komentar »
(28) Pasiksak
(29) Posted by Badru Tamam Mifka pada 1 Februari 2007(30)Clik clak clik clak
cikikik cakakakNu nyiksik nu nyaksrakTeu nampik mung namprakNu centik nu ngajakNgarenghik nulak taktakClik clak clik clakcikikik cakakakNiliktik nalaktakNu calik nu nangkarakNu malik nu murak awakNu gigisik nu ngagalaksak
(31) Clik clak clik clakNu balik nu pasiksak
Februari 2007
(32) Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, sajak | 1 Komentar »
(33) Harta Sajati
(34) Posted by Badru Tamam Mifka pada 1 Juni 2006(35)Baluas emut mangsa lawas
kagagas keur meuntastipoek ka caangnu dengdek keur leumpangditengkas ku bedas cadasnu neang bagja ceuk bejanu nyiar welah guligahDibedahkeun cimatapikeun ngaguar harta dunya
Gening harta teh didieu,tibelat nu wening kaGusti nu suci…
(36)jk
top related