bahan ajar b. sunda kelas vii 1
DESCRIPTION
B sundaTRANSCRIPT
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. PAGUNEMAN
Dina pangajaran ayeuna hidep kudu bisa ngaregepkeun wacana paguneman kalawan hadé !
Hal-hal nu kudu dipigawé ku hidep dina ngaregepkeun nyaéta :
1. Sikep, kudu bener-bener daria sangkan eusi guneman kacangkem kalawan hadé;
2. Pikiran kudu museur kana paguneman;
Lamun hidep geus bisa ngalakukeun hal saperti di luhur, hidep bakal bisa nangtukeun topik
paguneman, nyebutkeun bagian-bagian eusi paguneman, maksud paguneman, jeung bisa
napsirkeun nu paguneman.
Basa nu digunakeun dina paguneman bisa dititénan tina palakuna. Paguneman antara guru
jeung murid, basa nu digunakeunana basa lemes keur ka saluhureun jeung basa loma/lemes;
paguneman jalma nu geus wawuh pisan, basa nu digunakeunnana basa loma; paguneman jalma
nu anyar pinanggih, basana lemes; sedengkeun paguneman jalma nu keur ambek tangtu basa nu
digunakeunana téh basa kasar.
Regepkeun paguneman di handap kalawan daria !
Paguneman 1
Siswa : “Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh. Badé ka saha, Erma ?
Siswa : “Hapunten ngaganggu, Pa ! Dupi Ibu Iis parantos sumping ?”
Guru : “Bu Iis téh can sumping. Aya naon kitu ?”
Siswa : “Parantos waktosna jam pelajaran Matematika, Pa!”
Guru : “Antosan waé heula atuh, sakedap deui ogé sumping!”
Siswa : “Permios atuh Pa, badé ngantos di kelas waé!”
Guru : “Mangga atuh, kadé ulah raribut. Baca baé heula bukuna!”
Siswa : “Sumuhun ! Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh.
Paguneman 2
Isah : “Rat, PR Basa Sunda téh tos réngsé teu acan ?”
Ratih : “PR nu mana téa nya ?”
Isah : “Eta geuning ngadamel sisindiran !”
Ratih : “Oh, éta. Nu mawi abdi mah teu acan. Dupi Isah, PR-na tos bérés kitu ?”
Isah : “Parantos, kaleresan dirorompok aya Aa, pinter ngadamel sisindiran .”
Ratih : “Euleuh resep atuh nya ari aya nu ngabantosan mah!
Abdi mah teu aya pisan nu tiasa diajak badanten. Janten sakalieun aya PR nu sesah téh
sok binggung.”
Isah : “Ah, tong bingung-bingung atuh. Sumping ka rorompok pan caket. Urang sasarengan
diajar. Pun lanceuk sareng pun Biang mah pasti bingaheun geura.”
Ratih : “Insya Alloh ka payun mah.”
LEMBAR KERJA SISWA
Jawab pananya di handap !
1. Poko paguneman 2 di luhur nyaéta
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
2. Kumaha sikep Ratih nu kagambar dina paguneman 2 ?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
3. Sikep Isah nu kagambar dina paguneman 2 di luhur nyaéta
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
4. Basa ragam kumaha nu dipaké dina éta paguneman ?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
5. Tuliskeun eusi éta paguneman antara siswa jeung guru !
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
Jawab pananya di handap !
1. Poko paguneman di luhur nyaéta
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
2. Kumaha sikep siswa nu kagambar dina éta paguneman ?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
3. Sikep para palaku nu kagambar dina paguneman 2 di luhur nyaéta
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
4. Basa ragam kumaha nu dipaké dina paguneman 2?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
5. Tuliskeun eusi éta paguneman 2 !
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. MACA WACANA PAGUNEMAN
Maca paguneman nu hadé kudu luyu jeung kaédah maca. Di antarana kudu bener tur béntés
ngucapkeun kecap-kecapna, merenah lentongna, sedeng sorana sarta dilengkepan ku ngajiwaan
kana maksud éta paguneman.
Kalimah anu eusina kabungah, macana kudu marahmay. Sabalikna mun eusina pikasediheun,
macana kudu saperti nu sedih.
Pék baca paguneman di handap kalawan hadé lentongna!
Di hiji kelas, Ibu guru mingpin diskusi ngeunaan tata krama.
Ibu Guru : “Acara ayeuna nyaéta ngabahas perkara tata krama waktu dahar. Lega pisan
ambahanana mah. Urang watesan baé, nyaéta tata krama dahar dina korsi
nyanghareupan méja makan.”
Ani : “Naon baé nu kedah diperhatoskeun waktos tuang sasarengan téh ?”
Ibu Guru : “Loba jeung rupa-rupa anu kudu diperhatikeun teh. Urang kudu nyaho saha-sahana
anu kudu meunang panghormat teh.”
Dani : “Saha bae Bu nu kedah kenging panghormat teh? Upami teu lepat mah, anu
sarumpingna teh seueur, tiasa langkung ti duaan atanapi tiluan?”
Ibu Guru : “Anu kudu meunang panghormat téh nyaéta anu sakira umurna leuwih kolot ti urang,
atawa jalma sémah anu can pati wawuh. Carana urang ulah miheulaan diuk. Urang
kudu ngamanggakeun calik éta tamu téh dina jajaran korsi anu disadiakeun.”
Yanti : “Upami badé prak tuang téh kedah ngadu’a heula atanapi henteu ? Kumaha ngadu’ana
upami anu sarumping téh teu saagama?”
Ibu Guru : “Komo bae perelu ngadu’a mah. Carana mah nurutkeun urang Islam baé. Anu séjénna
mah sina ngahaminan baé, atawa ngadu’ana luyu jeung agamana masing-masing.”
Genyas : “Dupi tata krama cara calik dina korsi bari mayunan méja kumaha, Bu ?”
Ibu Guru : “Kieu geura. Hidep diuk dina korsi téh kudu tartib, sopan jeung merenah. Tungtung
korsi anu didiukan kudu rada nyodor saeutik handapeun meja, sikep badan kudu ajeg,
dampal suku kana ubin, leungeun teu kudu sidakep, dina pangkuan baé. Lamun keur
dahar, sabisa-bisa siku ulah naleukeum kana méja.”
Ani : “Saha Bu nu kedah pangpayunna tuang téh ?”
Ibu Guru : “Teu sopan paheula-heula dahar téh, malah ulah miheulaan dahar, lamun enggeus
dimanggakeun kakara urang dahar.”
Yanti : “Kénging atanapi henteu ngobrol nuju tuang ?”
Ibu Guru : “Meunang, tapi kudu walatra, ulah diborong ku sorangan. Obrolanana kudu nu populér
jeung pikagumbiraeun. Kurang hadé ngobrolkeun nu gering, anu maot, anu dioprasi,
anu kacilakaan, jeung nu pikageuleuheun”
Dani : “Aya kabiasaan tuang teh tara diseepkeun, kumaha éta téh Bu ?”
Ibu Guru : “Sabisa-bisa dahareun anu dina piring teh kudu béak. Tapi peupeujeuh, ulah loba
teuing nyokot dahareunana. Kira-kira baé, sacukupna.”
Genyas : “Dupi cara ngaleueut cai dina gelas aya tata kramana Bu ?”
Ibu Guru : “Tangtu baé, ulah diregot sakaligus béak. Sesakeun caina saeutik. Sigana urang
cukupkeun sakieu heula, engké urang tuluykeun deui.”
LEMBAR KERJA SISWA
Jawab pananya ieu di handap!
1. Naon judul eta paguneman téh?
______________________________________________________________________
2. Saha nu kudu meunang panghormat téh?
______________________________________________________________________
3. Kumaha cara urang ngahormat jalma anu umurna leuwih kolot ti urang?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
4. Kumaha cara ngadu’a saméméh dahar, lamu aya nu béda agama?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
1. Ngobrol dina waktu dahar ogé meunang ngan aya tata kramana. Jéntrékeun!
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
2. Kudu kumaha lamun urang disuguhan dahar?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
3. Lamun nginum, kumaha tata kramana?
______________________________________________________________________
______________________________________________________________________
B. KECAP RUNDAYAN
Rarangken hareup di- jeung ka-
Sabada hidep maca paguneman di luhur, katitén aya kecap rundayan diajak , diregot, didiukan,
diajar jeung kecap kaleresan.
Kecap diajak , diregot, didiukan jeung diajar asalna tina kecap ajak, regot, diuk jeung ajar nu
maké rarangkén hareup di-. Kecap kaleresan asalna tina kecap leres nu maké rarangkén hareup
ka-.
ka- jeung di- disebut rarangkén hareup sabab ditempatkeun di hareupeun kecap asalna.
Hidep kudu taliti, teu sakabéh di atawa ka disebut rarangkén hareup. di atawa ka anu aya di
hareupeun kecap nu nuduhkeun ngaran tempat mah lain rarangkén tapi kecap panyambung.
Contona di Majalengka, ka pasar jeung sajabana.
Kecap rundayan nu maké rarangkén hareup di- nuduhkeun kecap pagawéan anu dihaja.
Sabalikna kecap nu maké rarangken hareup ka- nuduhkeun kecap pagawéan nu teu dihaja.
Contona : 1. Jambu téh keur diala ku Murdani.
2. Jambu nu ngagolér ditincak ku manéhna.
UJI KOMPETENSI
Jieun omongan maké kecap-kecap anu dirarangkénan ku rarangkén hareup di- jeung ka-!
1. didéngé
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
2. kadéngé
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
3. dicandak
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
4. kacandak
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
5. ditajong
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
6. katajong
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
7. ditingal
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
8. katingal
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
9. ditulis
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
10. katulis
_________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. GUNEMAN JEUNG BABATURAN
Baca, tuluy gunemkeun di hareup ku duaan kalawan hadé !
Elin : “Lis, urang balanja yu!”
Listia : “Balanja! Kanggo kagiatan naon ?”
Elin : “Nya hilap kitu ? Apan énjing téh prakték masak !”
Listia : “ Astagfirulloh, untung Elin ngawartosan!”
Elin : “Kinten-kintenna urang masak naon, nya?”
Listia : “Ah, nu gampil baé atuh, nu penting mah urang papantes dina midangkeunana.”
Elin : “Muhun, bungbuna wé sing lekoh ngarah énak!”
Listia : “Hayu atuh bisi panas mantén!”
Elin : “Ké antason ngabantun heula catetan balanjaan nu badé dipésérna!”
Listia : “Ka mana balanjana?”
Elin : “Ka dinya baé lah ka warung Bi Usih, rada mirah sareng saraé barangna deuih.”
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Ayeuna pék hidep nyusun guneman jeung babaturan. Eusina mah kumaha hidep baé. Pon kitu
basa nu dipakéna luyukeun jeung situasi.
Sangkan gampang, impleng naon nu kungsi ku hidep diobrolkeun jeung babaturan basa di jero
kelas atawa di warung saméméh asup ka kelas.
Cara nuliskeunana saperti conto di luhur.
______________________________________________________________________________

______________________________________
A. KALIMAH PANANYA, KALIMAH WAWARAN JEUNG KALIMAH PANYELUK
Dina paguneman, kalimah nu digunakeun téh rupa-rupa. Aya kalimah pananya, kalimah
wawaran, jeung aya ogé kalimah panyeluk.
Kalimah pananya gunana pikeun nanyakeun hiji hal anu can dipikanyaho, atawa bisa ogé
dipaké pikeun nguji ngeunaan hiji perkara nu geus diajarkeun. Tujuanana naha éta pangajaran téh
geus kacangkem atawa acan. Kalimah pananya dina wangun tinulis dimimitian ku aksara gédé
sarta dipungkas ku tanda pananya (?). Lamun diucapkeun, kalimah pananya mah lentongna
leuwih tarik di tungtung kalimah.
Kalimah wawaran gunana pikeun méré nyaho ngeunaan hiji perkara ka nu diajak nyarita.
Dina wangun tinulis, kalimah wawaran dipungkas ku tanda titik ( . ).
Kalimah panyeluk gunana pikeun nepikeun bituna rasa. Eusi kalimahna bisa mangrupa
panyaram, panitah, pangajak, pangbagéa, paménta, muji, ngagungkeun, sarta mangrupa kedaling
rasa nu bitu ngaliwatan lisan anu dadakan. Dina wangun tinulis kalimah panyeluk dipungkas ku
tanda panyeluk ( ! ).
Tengetan conto kalimah pananya, wawaran jeung panyeluk di handap!
1. “Balanja! Kanggo kagiatan naon ?”
2. “Ka dinya baé lah ka warung Bi Usih, rada mirah sareng saraé barangna deuih.”
3. “Hayu urang ka lapang, tuh batur mah tos baris! “
UJI KOMPETENSI
Jieun kalimah wawaran tina kecap-kecap ieu di handap !
1. balanja
_____________________________________________________________________
2. ngapalkeun
_____________________________________________________________________
3. ka Bandung
_____________________________________________________________________
4. moal
_____________________________________________________________________
5. pembina OSIS
_____________________________________________________________________
Jieun kalimah pananya tina kecap-kecap ieu di handap !
6. naon
_____________________________________________________________________
7. saha
_____________________________________________________________________
8. iraha
_____________________________________________________________________
9. kumaha
_____________________________________________________________________
10. saur saha
_____________________________________________________________________
Jieun kalimah panyeluk maké kecap-kecap ieu di handap !
11. hayu
_____________________________________________________________________
12. ulah
_____________________________________________________________________
13. kadé
_____________________________________________________________________
14. tulung
_____________________________________________________________________
15. ampun
_____________________________________________________________________
B. UNDAK-USUK BASA
Unggal jalma miboga kamampuh pikeun nyarita, ngayakeun interaksi sarta komunikasi jeung
jalma séjénna. Dina komunikasi aya sababaraha hal nu diperhatikeun nyaéta:
1. Basa anu dipakéna naha basa loma, basa lemes, atawa basa kasar. Ieu gumantung kana
situasi, kondisi jeung saha nu diajak nyaritana;
2. Sikep, robahna awak (rengkuh) jeung semu;
3. Lafal, halon tarikna sora jeung randegan;
Sanajan basana lemes, lamun sorana teugeug sarta semuna teu marahmay tangtu nu diajak nyarita
téh moal resepeun. Tapi sabalikna sanajan basana loma ari dibarengan ku semu anu marahmay
mah pasti nu diajak nyarita bakal resepeun. Komo lamun alus basana, hadé semuna sarta
dibarengan ku rengkuh mah nu diajak nyarita téh bakal kacida resepeunana.
Perhatikeun kalimah di handap !
“Rék indit ka mana Pa, mani rurusuhan ?”
Lamun hidep ngucapkeunana ka Bapa atawa Ibu guru, pipokeunana téh :
“Badé angkat ka mana, Pa sapertos anu rusuh ?” atawa
“Badé angkat ka mana Pa, mani rurusuhan ?”
Kumaha pipokeun ka Bapa/Ibu guru lamun hidep nyarita saperti kieu :
1. “Balik ti mana, Bu mani angkaribung kitu ?”
_____________________________________________________________________
2. “Pa, ari téks pidato téh iraha dikumpulkeunana ?”
_____________________________________________________________________
3. “Taun ayeuna rék ngayakeun piknik atawa moal, Bu?”
_____________________________________________________________________
4. “Ceuk saha bapana Si Umar paéh ?”
_____________________________________________________________________
5. “Cenah urang rék ngalongok nu gering, iraha Pa?”
_____________________________________________________________________
Kecap-kecap nu ditulis condong téh salah larapna (teu luyu jeung undak-usuk basa ), benerkeun
ku hidep ! Jawabanana eusikeun dina kolom beulah katuhu.
1. Abdi badé angkat ka Bandung. ( ......................... )
2. Pun Biang nuju saré. ( ......................... )
3. Pa Baban nembé wangsul ti sakola. ( ......................... )
4. Saparantos dahar anjeunna nyesep. ( ......................... )
5. Aki Jumad damelna maca koran. ( ......................... )
6. Man, jam sabaraha manéh rék mulih? ( ......................... )
7. Kuring mah tunduh, rék kulem ti heula. ( ......................... )
8. Mah permios badé mulih. ( ......................... )
9. Bu guru nuju nulis di papan tulis. ( ......................... )
10. Néng, cing cokot kacamata Apa dina laci! ( ......................... )
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. PEDARAN
Dongéng kaasup salasahiji karya sastra Sunda heubeul anu sumebar di masarakat. Dina
dongéng aya sababaraha ciri anu béda jeung karya sastra Sunda séjénna. Diantarana baé, dina
dongéng aya kajadian anu teu asup akal atawa pamohalan. Upamana palaku bisa ngaleungit, bisa
ngapung; sasatoan bisa nyarita siga manusa jeung sajaba ti éta. Tapi hal anu penting mah nyaéta
tujuanana méré picontoeun ka nu maca atawa ka nu ngaregepkeun. Lamun ditilik tina eusina,
dongéng digolongkeun jadi sababaraha golongan:
1. Dongéng sasakala, nyaéta nyaritakeun asal-usul hiji tempat atawa hiji kajadian
Contona: Sasakala Situ Sanghiyang, Sasakala Tangkuban Parahu
2. Dongéng pamuk, nyaéta nyaritakeun hiji perjuangan/perang
Contona: Ki Bagus Rangin
3. Dongéng sasatoan(fabel), nyaeta palakuna sasatoan
Contona: Sakadang Kuya jeung Monyét, Sakadang Gagak
4. Dongéng jalma teu ilahar (farabel), nyaéta nyaritakeun lalampahan jalma nu kalakuanana teu
ilahar
Contona : Dongéng Si Kabayan
5. Dongéng Mite, dongéng nu eusina nyaritakeun jalma sakti atawa luhur ku elmu kadigjayaan,
béda jeung jalma biasa.
Contona : Nyi Roro Kidul, Nyi Rambut Kasih, jsb.
Dina ieu kasempetan hidep kudu bisa ngaregepkeun dongéng nu dibaca. Hal-hal nu kudu
diperhatikeun nalika ngaregepkeun dongéng nyaéta unsur-unsur dina dongéng :
1. Naon témana
2. Saha palakuna
3. Kumaha watek atawa pasipatan éta palaku
4. Di mana lumangsungna éta kajadian
5. Iraha lumangsungna kajadian
6. Kumaha suasana éta dongéng
7. Ajén atikan naon nu kapanggih tina éta dongéng
8. Kajadian naon baé nu digambarkeun dina dongéng ( galur atawa jalan caritana )
Regepkeun !
DOMBA AJAIB Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta
budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh
nyaéta resep pisan ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka
tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta
tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun
ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan
diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu
boga kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali
domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat
ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu
lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka
lebah datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta
beungeutna perenges pikasieuneun.
“Héh ! Budak kedul, tukang ngalawan ka kolot, manéh teu boga rasa jeung kanyaah ka
sasama mahluk. Leuwih hadé jadi domba anu goréng rupa!” ceuk éta lalaki bari molotot ka Egon.
Ajaib. Dadak sakala awak Égon robah jadi anak domba. Barang sadar kana éta kajadian,
ngan segruk baé manéhna ceurik jejeritan.
“Ampun.... tulung... kuring embung jadi domba. Pa, robah deui kuring jadi jelema ! ceuk
Égon ngalengis matak ngahelas.
Jebrod...jebrod... ! Awak Égon nu geus jadi domba téh dipecutan tarik naker ku rangrang
garing. Egon ceurik bari ampun-ampunan bakating ku nyeri. “Pa, ampun...Pa. Kuring moal rék
ngalakukeun deui kagoréngan. Kuring jangji rék jadi budak nu nurut ka kolot sarta moal
ngadukeun deui domba !”
“Heug ari kitu mah, tapi inget lamun jalir jangji, manéh bakal robah jadi anak domba
saperti ayeuna !”
Sanggeus kitu, les éta lalaki leungit robah jadi domba Égon anu begang. Égon ogé robah
deui ka asal.
Ti harita Égon jadi budak nu soléh, nurut ka indung hadé haté. Malah jadi nyaaheun pisan
ka sato piaraanana.
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Eusian pananya ieu di handap !
1. Palaku utama dina éta dongéng nyaéta
______________________________________________________________________
2. Kabiasaan Si Egon anu goréng téh nyaéta
______________________________________________________________________
3. Kumaha sikep Égon sanggeus robah jadi domba ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
____________________________________________________________
4. Di mana lumangsungna éta kajadian téh ?
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
5. Ajén atikan naon nu kapanggih tina éta dongéng ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
____________________________________________________________
6. Kumaha sipatna Si Suhro téh ?
______________________________________________________________________
7. Kaajaiban naon nu kapanggih tina éta dongéng ?
______________________________________________________________________
8. Kudu kumaha kalakuan urang lamun hayang dipikanyaah ku kolot jeung ku sasama ?
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
9. Cing tuliskeun galur éta dongéng ku basa anu singget tapi jelas !
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________
10. Hal naon baé nu ceuk akal mah pamohalan tina kajadian nu dicaritakeun dina éta dongéng ?
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
_______________________________________________________________
Pilih jawaban nu aya dina kolom beulah katuhu, tuluy tuliskeun aksara a, b, atawa nu séjénna
dina kolom tukangeun soal!
1. Idé poko hiji karangan ( ......... ) a. anonim
2. Waktu jeung tempat kajadian ( ......... ) b. Dongéng
3. Pasipatan parapalaku ( ......... ) c. fabel
4. Hal nu hayang ditepikeun ku pangarang ( ......... ) d. galur
5. Jalma atawa sato nu ngalalakon ( ......... ) e. amanat
6. Guluyurna carita ( ......... ) f. palaku
7. Dongéng asal-muasal tempat/kajadian ( ......... ) g. watek
8. Karya sastra nu sumebar sacara lisan ( ......... ) h. téma
9. Karangan nu teu kapanggih pangarangna ( ......... ) i. sasakala
10. Dongéng sasatoan ( ......... ) j. sétting
B. KECAP BARANG JEUNG KECAP SIPAT/KAAYAAN
Dina dongéng “Domba Ajaib” aya kecap domba, tegalan, begang, kedul.
Ditilik tina warna kecapna, kecap domba jeung tegalan kaasup kana kecap barang, sedengkeun
kecap begang jeung kedul kaasup kana kecap sipat atawa kaayaan.
Kecap barang nyaéta sakur kecap anu nuduhkeun barang, boh barang paéh, barang hirup, ngaran
patempatan boh kalungguhan atawa profési.
Kecap sipat nyaéta sakur kecap nu nuduhkeun kaayaan atawa pasipatan hiji barang.
Ilikan tabél di handap !
No. Kecap barang Kecap kaayaan Sipat / watek
1. méja Butut soméah
2. ucing Gering béréhan
3. buku Soéh galak
4. tangkal jambu Peunggas barangasan
5. dadang Kasep handap asor
6. pulpén Alus pedit
7. baju Weuteuh gedé ambek
8. angin Ngagelebug ogoan
9. hujan Ngagebrét céngéng
10. méga Mendung wanter
Téangan kecap barang jeung kecap kaayaan nu aya dina dongéng Domba Ajaib. Eusikeun kana
tabél !
No. Kecap barang Kecap kaayaan Sipat / watek
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
10.
Jieu kalimah tina kecap barang jeung kecap kaayaan ieu di handap !
1. buku / soéh
_____________________________________________________________________
2. sendal / butut
_____________________________________________________________________
3. méja / réod
_____________________________________________________________________
4. TV / ngariak
_____________________________________________________________________
5. baju / kotor
_____________________________________________________________________
6. Maman / pinter
_____________________________________________________________________
7. Shonya / geulis
_____________________________________________________________________
8. Manéhna / nalaktak
_____________________________________________________________________
9. tangkal awi / runtuh
_____________________________________________________________________
10. komputer / érror
_____________________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. MACA DONGENG SASAKALA
PEDARAN
Sakumaha pedaran saméméhna, dongéng kaasup kana carita heubeul anu sumebarna
sacara lisan tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjén. Sanggeus téknologi maju, dongéng téh loba nu
dibukukeun kalawan tujuan pikeun pangrojong dina dunya atikan. Lolobana dongéng kaasup
kana karya anonim nu teu kapaluruh teu dipikanyaho saha pangarangna jeung iraha gelarna.
Sababaraha dongéng nu kacida dipikaresepna ku urang Sunda diantarana baé:
1. Kuya jeung Monyét ngala cau;
2. Maung jeung buhaya;
3. Sangkuriang;
4. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu;
5. Si Kabayan;
6. Si Lamsijan;
7. Abu Nawas;
8. Sasakala Paré;
9. Sasakala Gunung Tampomas;
10. Prabu Kéan Santang, jeung réa-réa deui.
Ieu di handap aya dongéng sasakala nu aya di wewengkon Kabupatén Majalengka. Hidep
apal kénéh, naon ari dongéng sasakala? Dongéng sasakala téh nyaéta dongéng anu eusina
nyaritakeun asal muasalna hiji kajadian atawa hiji tempat. Geura prak baca ku hidep kalawan
bedas! Resep geura!
SASAKALA SITU SANGHIANG
Nutur catur parasesepuh, mapay carita wong atua., baheula di wewengkon Talaga ngadeg
hiji karajaan anu subur makmur loh jinawi. Nu janten narpati nyaéta Prabu Darmasuci II
ngagentos ramana kalayan kénging jujuluk Sunan Talagamanggung. Kanjeng Sunan kagungan
dua putra sajodo. Pameget jenengan Raden. Panglurah, nu istri jenengan Ratu Putri Dewi
Simbarkancana.
Radén Panglurah saparantos sawawa angkat tatapa, ngisat salira di Gunung Bitung Désa
Wangkelang patilasan ingkang uyut Sunan Ponggang Syang Romahiyang.
Sajengkarna Radén Panglurah, ka nagara sumping hiji jajaka ginding dedeg sampé rupa
hadé tur perlénté, dedeg pangadeg sembada, kewes pantes, jangkung ageung kalayan ngangken
tedak ménak Sriwijaya ti Palémbang. Pamaksadan dongkap ka nagara seja bakti diri ka narpati
séba raga kumawula ka kanjeng raja. Kawuwuh ku lungguh timpuh, hadé tata hadé basa pérlénté
cumaritana, narpati janten kataji. Manah léah tumarima nampi éta jajaka anyar pinanggih pikeun
didamel di nagara.
Enggoning babakti ka nagara jajaka terah Palémbang kalintang suhudna. Tuhu kana
paréntah ratu teu baha kana parentah raja. Satincak saparipolah mungguh matak pikayungyuneun.
Pangagung padakataji, abdi-abdi padamuji kana kapercékaanana. Ku hadé lampah jeung polah
ahirna éta jajaka dipercanten ku narpati janten mantri jero karaton.
Ku kapercékaanana sadaya padamel karaton beuki katarik ati. Paraponggawa laléah manah
seueur nu kapangaruhan ku kapinteran cumaritana. Lami-lami éta jajaka dipercanten janten
papatih nagara kalayan kenging jujuluk Adipati Palémbanggunung saterasna dipulung mantu ku
narpati ditikahkeun ka ingkang putra Ratu Putri Déwi Simbarkancana.
Salajengna Narpati ngadamel karaton di wewengkon Walangsuji nu anggangna kirang
langkung dalapan kilométer ti nagara. Maksadna sangkan jongjon ngurus nagara ogé tiasa laluasa
enggoning mujas médi ka Déwa Gung kanggo kasalametan ingkangputra anu nuju tatapa.
Ku ngaraos parantos sepuh, sateuacan Radén Panglurah mulih ti patapaan ahirna kanggo
ngurus nagara samentawis dipasrahkeun ka mantuna. Salebet ngurus nagara Adipati
Palembanggunung kacida luhur wibawa da puguh percéka pinter nyarita. Paraponggawa taya nu
baha, parademang kumawula, parabopati tuhu babakti.
Ku ngaraos parantos kiat pangaruhna ka paraponggawa, jorojoy dina émutan
Palémbanggunung timbul haté dengki, bet hoyong ngapimilik nagara seja ngadeg narpati di
Talaga. Pikeun ngahontal éta niat teu aya deui jalan iwal ti kedah nelasan Narpati Prabu
Darmasuci II.
Saterasna Palémbanggunung ngadamel réka perdaya ka para Demang, Bopati, sareng ponggawa
karaton ku jangji-jangji, ngawurkeun persénan. Ahirna aya salasaurang nu kapangaruhan téh
nyaéta Citrasinga salaku Mantri Jero. Pajarkeun téh pangna bisa jadi mantri jero lantaran
diusulkeun ku anjeunna. Malah diimplik-implik lamun Palémbanggunung bisa jadi narpati,
Citrasinga bakal diangkat jadi papatih nagara.
Ku kapinteran Palémbanggunung enggoning ngolo-ngolo, antukna rasiah patina narpati
ditepikeun ku Citrasinga. Yén Narpati Prabu Darmasuci II moal teurak ku gagaman naon baé
iwal ku pakarang tuturunan mangrupa Cis / tumbak pondok sapertos badi. Salasahiji ciri narpati
teu mempan ku pakarang teh nyaéta salirana teu udelan sapertos nu lian.
Nu terang kana éta rasiah téh ngan Centangbarang panakawan kakasih narpati nu dirorok ti
leuleutik margi tos pahatu lalis, teu indung teu bapa, teu dulur teu baraya éstu nunggul pinang.
Ngadangu eta katerangan, Palémbanggunung sering mendakan Centangbarang, ngolo-ngolo
bari bro-broan barangbéré, malah dijangjian lamun Centangbarang bisa méré nginjeum Cis
sakeudeung baé, engké upama Palembanggunung jadi narpati di Talaga, Centangbarang bakal
dijenengkeun mantri jero.
Dasar jalmi bodo tur kirang jeujeuhan, lami-lami Centangbarang kaolo, kapangaruhan dugi
ka ngajangjian sanés baé nambutkeun éta gagaman nanging sanggup nelasan Narpati.
Hiji waktos Narpati lungsur ti pajuaranana seja jalan-jalan ka patamanan, diiring ku para
ponggawa karaton sareng paraemban. Centangbarang ogé ngiring ribut bari nyenyekel Cis kaluar
ti karaton sarta nyumput dina satukangeun Lawang Kori. Sanaos aya nu terangeun ogé teu gurah-
geureuh da kitu biasana kalakuan Centangbarang téh. Dihin pinasti, nitih wanci dugi ka apesna
Narpati Prabu Darmasuci II. Dinten harita, nalika Narpati badé kaluar pisan tina lawang kori teu
kanyahoan jol gejos-gejos ditikeman ku Centangbarang nganggé gagaman pusaka tuturunan
“Cis”. Sanaos Narpati tiasa nyingcet nanging pingping kiwana kagorés dugi ka baréd. Ku matih-
matihna éta pakarang Narpati ngarumpuyuk leuleus lir kapuk kaibunan.
Guyur sa-Karaton ku tingjareritna paraistri sareng patinggorowokna paraemban kalih
paraponggawa. Ari
Centangbarang ningali kaayaan kitu ngan belecet lumpat kabur ninggalkeun karaton.
Barang badé disusul ku gulang-gulang, Narpati ngalahir, “Héh Ki Sanak, keun tong maké hayang
nangkep Ki centangbarang, da engké ogé bakal nampa hukuman ti Hyang Widi. Déwa Gung
bakal ngahukuman manéhna. Teu sangka Ki Centangbarang, dipiasih ti leuleutik dipikanyaah ku
kaula ti sabrol dijurukeun bet ahirna rék nelasan ka Kaula. Mangga Syang Hiyang Widhi
nyanggakeun.” Salajengna Narpati dicandak ka pajuaranana di lebet karaton.
Ku ayana éta kajantenan nya dijurungkeun utusan kanggo ngadeuheus ka Ratu Déwi
Simbarkancana di Karaton Walangsuji. Salajengna narpati Prabu Darmasuci II nu diriung ku
paraponggawa di pajuaranana, teras menekung ka Déwa Gung. Naha atuh teu sakara-kara, jasad
saeusining karaton ilang tanpa karana ngahiyang “goib´salin rupa janten situ anu caina hérang
ngagenyas tapi matak geueumam nu ningali. Eta situ katelah “Situ Sanghiang” ayana di tutugan
Gunung Ciremai Désa sanghiang Kecamatan Talaga Kabupatén Majalengka.
LEMBAR KERJA SISWA
KABEUNGHARAN KECAP
Dina bacaan aya sababaraha kecap nu rada aneh pikeun hidep mah. Tengetan geura!
1. wong atua = (basa jawa) jalma kolot, para sepuh
2. loh jinawi = teu kurang sandang pangan, subur makmur
3. jujuluk = katelahna, dingaranan, sesebutan tambahan
4. sawawa = dewasa, baleg
5. ngisat salira = tatapa, cicing di hiji tempat nu sepi
6. Sajengkarna = sainditna
7. tedak = turunan
8. kumawula = babakti
9. kataji = resep, kapélét
10. terah = turunan
Tuliskeun sakur kecap nu teu kaharti ku hidep ! Téangan hartina dina kamus !
1. ________________hartina ___________________________________________________
2. ________________hartina ___________________________________________________
3. ________________hartina ___________________________________________________
4. ________________hartina ___________________________________________________
5. ________________hartina ___________________________________________________
6. ________________hartina ___________________________________________________
7. ________________hartina ___________________________________________________
8. ________________hartina ___________________________________________________
9. ________________hartina ___________________________________________________
10. ________________hartina ___________________________________________________
UJI KOMPETENSI
Eusian !
1. Téma tina dongéng di luhur nyaéta
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
2. Palaku utama dina éta dongéng nyaéta
___________________________________________________________________________
_________________________________________________________________
3. Kumaha sipat Palémbanggunung sabada meunang kapercayaan ti Narpati ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
____________________________________________________________
4. Kumaha sikep Prabu Talaga Manggung sabada dihianat ku anak kukutna ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
____________________________________________________________Senjata naon nu
digunakeun pikeun nelasan Narpati ?
______________________________________________________________________
Di wewengkon kacamatan mana ayana éta situ téh ?
______________________________________________________________________
5. Kumaha supata nu ditepikeun ku Narpati ka jalma nu hianat ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
________________________________________
6. Amanat naon nu kapanggih sabada hidep maca dongéng sasakala Situ Sanghiang ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
_______________________________________________________
7. Kumaha kaayaan di karaton sabada Prabu Talaga Manggung aya nu nubles ?
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
_______________________________________________________
7. Tulis galur éta carita kalawan bener !

A. NULIS PANGALAMAN
Unggal jalma miboga pangalaman séwang-séwangan. Pangalaman bakal tetep ngancik dina
pikiran lamun éta pangalaman téh dianggap penting atawa luar biasa.
Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu kacida dipikainget. Bisa pangalaman pikaseurieun,
pikasediheun, jeung sajabana.
Sangkan nu lian mikanyaho, éta pangalaman kudu dicaritakeun atawa ditulis.
Baca conto pangalaman di handap !
Jumaah, 13 Mei 2005
Kuring boga pangalaman anu pikaseurieun. Ieu kajadian téh teu kaalaman ku kuring tapi ku Pa
Nanang. Kieu geura lalakonna.
Kuring jeung sababaraha urang sobat idit ka masjid rék sholat Jumaah. Lantaran aya di lembur
batur, teu apal di mana ayana masjid téh. Sanggeus tatanya ka satpam salasahiji hotél, kuring
dituduhkeun ka masjid nu teu jauh ti éta tempat.
Tepi ka éta masjid kuring jeung babaturan arasup sarta solat tahiyatul masjid di barisan katilu ti
tukang. Ari Pa Nanang solat téh di barisan kadua ti hareup. Duka kumaha mimitina, jamaah
barisan kahiji téh narangtung tuluy sasalaman nguriling. Pa Nanang rungkag-rengkog, siga rék
nangtung, gék deui diuk. Lantaran nu séjén nangtung nya anjeunna gé ngadeg tuluy milu
nguriling sasalaman. Barang anjeunna rék diuk tempatna geus ditempatan ku nu kakara datang.
Luak-lieuk ka tempat séjén geus pinuh. Atuh bari rada handeueul campur pikaseurieun anjeunna
kapaksa ka barisan pangtukangna nu aya di émpér masjid. Kuring mah seuri baé bari ngagerentes
“Karunya hayang ganjaran panghareupna kalah ka meunang di émpér.”
Tah kitu pangalaman téh sanajan lain pangalaman kuring langsung, tapi ieu kajadian téh
hareupeun kuring pisan.
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Ayeuna pék ku hidep tuliskeun pangalaman nu pangdipikaingetna. Bisa pangalaman
pikaseurieun, pikasediheun, pikakeuheuleun jeung sajabana! Kadé poho tulis bagian bubuka
jeung panutupna !
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
_____________________________________________________

EJAHAN
Nulis karangan nu hadé nyaéta anu luyu jeung aturan nu geus baku. Dina tata tulis basa Sunda éta
aturan téh disebut éjahan. Hidep salaku pelajar kudu mampuh ngagunakeun éta aturan. Di handap
dipedar sababaraha perkara, di antarana :
1. Aksara gedé
Dipaké diawal kalimah, ngaran jalma, ngaran tempat, ngaran sesebutan, kalungguhan nu
dituturkeun ku ngaran jalma, jsbté.
2. Tanda titik
Dipaké pikeun mungkas kalimah wawaran (berita).
3. Tanda koma
Dipaké pikeun ngawatesan kecap nu ditataan dina hiji kalimah.
4. Tanda pananya
Dipaké pikeun mungkas kalimah pananya.
5. Tanda panyeluk
Dipaké pikeun mungkas kalimah panyeluk atawa nu ngébréhkeun bituna rasa panyaturna.
UJI KOMPETENSI
Benerkeun kalimah di handap luyu jeung éjahan !
1. jang gopur keur mantuan panén di sawah
_____________________________________________________________________
2. iraha rék indit ka bandung téh
_____________________________________________________________________
3. aduh ieuh suku katincak
_____________________________________________________________________
4. tugas siswa mah maca nulis jeung ngapalkeun lain ulin
_____________________________________________________________________
5. gubernur jawa barat nganjurkeun jumsih ka rahayat
_____________________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. NYARITAKEUN PANGALAMAN
Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu moal bisa dipopohokeun. Sangkan nu diajak nyarita
resepeun, dina nepikeunana kudu merhatikeun :
1. Basana kudu puguh éntép seureuhna;
2. Lentongna kudu merenah;
3. Dibarengan ku ngajiwaan eusi carita.
Hal nu kudu dicaritakeun dina nepikeun pangalaman nyaéta bubuka, eusi carita atawa kajadian
nu kaalaman jeung panutup carita.
Bubuka tujuanana sangkan nu diajak nyarita merhatikeun kana lalakon nu bakal ditepikeun.
Eusi pangalaman kudu dicaritakeun kalawan sistematis (ngaruntuy) ti mimiti kajadian nepi ka
anggeusna. Sarta pilih kalimah anu efektif .
Panutup carita kudu hadé sangkan nu diajak nyarita ngarasa sugema tur leuwih yakin kana sakur
pangalaman nu geus ditepikeun ku hidep.
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Inget-inget deui kajadian nu kungsi ku hidep kaalaman boh di imah boh di sakola.
Sanggeus ngarasa yakin yén éta pangalaman téh alus tur aya mangpaatna lamun
ditepikeun ka nu séjén, prak ku hidep caritakeun éta pangalaman di hareupeun babaturan.
Saméméhna, tuliskeun heula poko picaritaeunana !
Topik picaritaeun
______________________________________________________________________________
____________________________________________________________________
Bubuka
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
_______________________________________________________________
Eusi pangalaman

__________________
Panutup
______________________________________________________________________________
______________________________________________________________________________
_______________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
A. NEPIKEUN BEWARA / WAWARAN
Béwara atawa wawaran nyaéta béja nu ditepikeun ku hiji jalma nu tujuanana sangkan nu
lian mikanyaho atawa apal kana perkara nu ditepikeun. Istilah populérna bewara téh nyaéta
pengumuman. Ditilik tina tujuanana, aya béwara nu sakadar méré nyaho wungkul aya nu
tujuanana sangkan nu séjén kataji ku anu dibéwarakeun. Béwara nu tujuanana méré béja
ngeunaan hiji hal sok disebut iklan.
Ditilik tina eusina aya iklan sosial jeung iklan dagang. Iklan sosial mah miboga tujuan
pikeun mangaruhan masarakat sangkan ngalaksanakeun hiji hal anu hadé atawa ngajauhan hal
nu goréng. Sedengkeun iklan dagang maksudna sangkan nu séjén kataji ku barang daganganana
nu satuluyna meuli éta barang.
Tengetan conto di handap !
1. Conto iklan sosial
2. Conto Iklan dagang
Dina kompetensi saméméhna geus ditétélakeun ngeunaan cara nepikeun wawaran /
béwara.
Sangkan leuwih jéntré, hal nu kudu diperhatikeun enggoning nepikeun béwara, di
antarana baé:
1. Tepikeun béwara ku sora anu tegas tur tandes;
2. Ngucapkeunana kudu jéntré ulah ngosom atawa ngagerendeng;
3. Randeganana kudu bener;
4. Eusi bewara kudu bener, jelas tur henteu nimbulkeun ragu-ragu ka nu ngaregepkeun;
5. Kalimahna singket tur jelas, pilih kalimah anu éféktif.
Tengetan conto wawaran di handap, galantangkeun kalawan hadé tur bener !
“Ka sakumna siswa kelas 1 sareng kelas 2 anu kalebet tim Paskibra , dinten Saptu tanggal 24
Maret 2007 latihan dina raraga tatahar mayunan LBBI (lomba baris-berbaris indah) nu
waktosna kantun dua minggu deui!”
CONTO IKLAN SOSIAL
( ANJURAN MIARA KABERSIHAN LINGKUNGAN )
IKLAN DAGANG + GAMBAR
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI
Baca jero haté béwara ieu di handap nepi ka paham kana eusina. Tuluy wawarkeun deui ku basa
hidep sorangan!
1. Kemis tanggal 15 Maret 2007 di balé Désa Ciranjéng Kacamatan Cingambul diyakeun
kagiatan sénsus penduduk ti tingkat Kacamatan Cingambul. Nu sumping ti pihak tingkat
kacamatan diantarana baé, sekretaris kecamatan, koramil, jeung muspika séjénna. Ti pihak
aparat désa diluuhan ku saréngréngan aparat ti mimiti kuwu, jurutulis, kulisi désa,
raksabumi, lebé nepi ka tokoh masarakat ogé dihaturanan.
2. SMA PGRI kabupatén Majalengka, Saptu tanggal 10 Maret 2007, ngayakeun lomba Volley
ball antara siswa SMP sa-Kabupatén Majalengka. Eta kagiatan dibuka langsung ku Kepala
Dinas Pendidikan Kabupatén Majalengka, Drs. H. Karna Sobahi, M.M.Pd kalayan diiring
ku sababaraha réngréngan ti Dinas Pendidikan Kabupatén Majalengka. Kagiatan Volley
ball téh diayakeun pikeun ngarékrut parasiswa SMP nu miboga minat jeung bakat dina
widang olah raga volley ball.
3. Sakumna siswa SMP sa-Kabupatén Majalengka nu mibanda préstasi dina widang
matematika, Saptu tanggal 3 Maret 2007 dikumpulkeun di kampus SMP Negeri 3
Majalengka pikeun diuji kamampuhna. Unggal sakola kudu ngirimkeun utusan 10 urang
siswa, 5 siswa lalaki, 5 siswa awéwé. Tujuan éta kagiatan pikeun nyeléksi siswa anu bener-
bener mampuh dina widang matematika sarta dipiharep bisa ngawakilan kabupatén
Majalengka pikeun miluan olimpiade matematika di tingkat Provinsi Jawa Barat. Eta
kagiatan diluuhan ku Drs. H. Toyib salaku réngréngan Dinas Pendidikan Kabupatén
Majalengka.
B. KALIMAH WAWARAN
Hidep pasti apal kénéh kana maksud kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu tujuanana
méré nyaho ka nu lian ngeunaan hiji perkara. Kalimah wawaran bisa ditepikeun sacara lisan
jeung tulisan. Kalimah wawaran nu ditulis kudu nyumponan kaedah (aturan), diantarana bae,
awal kalimah kudu ditulis ku aksara gedé sarta dipungkas ku tanda titik ( . ).
Tengetan conto kalimah wawaran di handap! Baca maké lentong nu bener tur merenah!
1. Di sakola badé diayakeun pertandingan baskét antar kelas.
2. Abdi badé diajar degung sareng siswa kelas tilu.
3. Unggal dinten pun lanceuk sok mapagkeun.
4. Pun Bapa mah sanés guru SMP Negeri 1 Talaga, nanging guru SMP Negeri 1 Cikijing.
5. Unggal dinten Minggu abdi sok sepeda santéy ka Waduk Darma Kuningan.
6. Tim Volley MTs. Negeri 1 Cingambul ngayakeun tanding persahabatan jeung tim volley
SMP Negeri 2 Cikijing.
7. Unggal poé Jumaah soré, anggota pramuka SMP Negeri 1 Cingambul milu latihan pramuka
di SD.
8. Kepala SMP Negeri 1 Sukahaji ngawajibkeun sakumna warga SMP pikeun miara kabersihan
lingkungan sakola.
UJI KOMPETENSI
Prak ku hidep jieun kalimah wawaran !
1. ______________________________________________________________________
2. ______________________________________________________________________
3. ______________________________________________________________________
4. ______________________________________________________________________
5. ______________________________________________________________________
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
TABEL AKSARA SUNDA
Tt[bl; ak;sr sun;d
No
Aksara Ngalagena Vokal Mandiri
Wangun Ucapan Wangun Ucapan
1 k Ka A A
2 Kha { E
3 q Qa I I
4 x Xa O O
5 g Ga E E
6 G Nga } Eu
7 c Ca Angka
8 j Ja Wangun Ajen
9 z Za 0 0
10 J Nya 1 1
11 t Ta 2 2
12 d Da 3 3
13 n Na 4 4
14 p Pa 5 5
15 f Fa 6 6
16 v Va 7 7
17 Bb Ba 8 8
18 Mm Ma 9 9
19 y Ya
20 r Ra
21 l La
22 w Wa
23 s Sa
24 Sya
25 h Ha
No Vokalisasi (Pananda Sora)
Vokalisasi Wangun Harkat Sora Ngaran
1 i
……. [i] Panghulu
2 e
……. [e] Pamepet
3 ]
……. [eu] Paneuleung
4 Q
……. [-r] Panglayar
5 N
……. [-ng] Panyecek
6 .......
u [u] Panyuku
7 .......
R [-r-] Panyakra
8 …….
L [la] Panyiku
9 […… [e] Paneleng
10 …….o [o] Panolong
11 ……Y [-ya] Pamingkal
12 …….H [-h] Pangwisad
13 …….; [0] Pamaeh Paten