carpon lamun kuring bisa ngapung

5
LAMUN KURING BISA NGAPUNG Kénging Dian Wulan Girimis ngepris kénéh sésa hujan pabeubeurang, diaping hiliwir angin soré nebak awak. Rossa anteng ngahaleuang dina headset, maturan haté nu liwung. HP ngagolér luhureun méja leutik, gigireun korsi nu didiukan ku kuring. Tepas imah karasa hégar. Hawa tiis, nyecep, tapi haté asa haneut. Haneut ku kanyaahna Kang Brata. Kanyaah nu diawurkeun kana unggal juru-juru jero haté. Hanjakal, kanyaahna halimunan. Isukan. Isuk-isuk, Kang Brata ngajakan ulin. Hayang ngajak Ningrum ka pilemburan pokna téh. Sakali kalieun wawuh kana suasana lembur manéhna, ulah idek liher di kota baé. Hayang ngawawuhkeun kuring jeung kahirupan manéhanana, tempat dumuk ti barang brol nepi ka kiwari. Sms-na can dibales. Diantep. Can aya pikeun pijawabeunana. Eusina ngagoda pisan. Ngagoda, nitah ketug jajantung sangkan leuwih ngagancangan. Ngagoda pikeun biluk kana haté nu rébo ku kacinta. Enya ogé urang lembur, sikep Kang Brata mah, da ngota. Tata-titi basana, paromanna, ogé paripolahna nétélakeun urang lembur nu nyakola. Meunangkeun pagawéan di kota, nya sakantor pisan jeung kuring. Unggal poé didugdag. Paribasana téh méh kasampeur duanana. Nya gawé, nya pangabutuh urang lembur kaanteur ku

Upload: syaeful-rochman

Post on 08-Nov-2015

140 views

Category:

Documents


27 download

DESCRIPTION

SUNDA

TRANSCRIPT

LAMUN KURING BISA NGAPUNGKnging Dian Wulan

Girimis ngepris knh ssa hujan pabeubeurang, diaping hiliwir angin sor nebak awak. Rossa anteng ngahaleuang dina headset, maturan hat nu liwung. HP ngagolr luhureun mja leutik, gigireun korsi nu didiukan ku kuring. Tepas imah karasa hgar. Hawa tiis, nyecep, tapi hat asa haneut. Haneut ku kanyaahna Kang Brata. Kanyaah nu diawurkeun kana unggal juru-juru jero hat. Hanjakal, kanyaahna halimunan.Isukan. Isuk-isuk, Kang Brata ngajakan ulin. Hayang ngajak Ningrum ka pilemburan pokna th. Sakali kalieun wawuh kana suasana lembur manhna, ulah idek liher di kota ba. Hayang ngawawuhkeun kuring jeung kahirupan manhanana, tempat dumuk ti barang brol nepi ka kiwari. Sms-na can dibales. Diantep. Can aya pikeun pijawabeunana. Eusina ngagoda pisan. Ngagoda, nitah ketug jajantung sangkan leuwih ngagancangan. Ngagoda pikeun biluk kana hat nu rbo ku kacinta.Enya og urang lembur, sikep Kang Brata mah, da ngota. Tata-titi basana, paromanna, og paripolahna ntlakeun urang lembur nu nyakola. Meunangkeun pagawan di kota, nya sakantor pisan jeung kuring. Unggal po didugdag. Paribasana th mh kasampeur duanana. Nya gaw, nya pangabutuh urang lembur kaanteur ku pangabisana. Da cenah salian ti gaw di kota, manhna ge sok ngajar di lemburna. Sakapeung sok ngarahuh, babakuna mun geus karasaeun cap pisan. Hayang boga paragi reureuh di kota cenah.Mimiti deukeut th basa kuring katohyan keur anteng nulis sajak dina tablet. Sarua cenah manhna g resep kana sastra. Ti harita jadi remen ngirim kalimah-kalimah ndah jeung tulisan fiksina kana email kuring. Kataji ku tulisanana nu nyastra jeung ngeusi. Betah mun keur macaan tulisanana th, sok poho kana waktu. Mindeng patalpa lmu jeung pangabisa ngeunaan sastra. Manhna leuwih onjoy, loba pisan pulunganeunana. Ti dinya beuki deukeut, beuki raket.Salian ti ngirim sajak th, Kang Brata mindeng curhat ngeunaan pasualaan rumah tanggana. Teu pati teuing dipalir. Mun seug kuring keur ngadepongan komputer, mindeng kapanggih maling rrt. Sok tuluy paadu teuteup. Teuteup nu bisa ngendagkeun jajantung. Sakapeung sok hayang ngaheureuyan, naha bet melong? Bogoh nya? Ngan tara wani pok. Ah teu dianggap nanaon, da euweuh rasa. Enya og kuring resep, teu dibarengan ku rasa nu leuwih. Asa ka lanceuk w, teu jauh ti kitu.Teuing po harita mah bet aya ku bda. Basa kuring teu mak baju batik dina poan Jumaah, sakumaha ilaharna di kantor. Baju saragam batik nu ngan hiji-hijina th baseuh, diseuseuh urut kalunturan.Naha teu nganggo batik? Pokna basa pasangrok dina lift rk ka rohangan gaw. Nanyana dibarung imut, nu ngageterkeun lulurung hat.Nuju diseuseuh, Kang, ck kuring th bari males imut. Lift muka. Tuluy muru rohangan kuring, jeung manhna og.HP disada. Sms. Bray dibuka, barang diuk dina mja kerja bari nyanghareupan komputer. Ti Kang Brata.Moal bendu pami dipangmsrkeun ku Kakang? Aya geter nu bda jeoeun dada basa maca sms- na, Ah, naha bet kieu, boa-boa ngan kuring nu kaisinan. Diantep. Teu dibales. Pareng istirahat manhna nyampeurkeun, ngajak balik bareng, cenah urang nyimpang heula ka toko nangan baju batik ta.Dua bulan raket jeung Kang Brata, kakara peuting ayeuna ngarasa simp. Ti isuk euweuh kabarna. Biasana sanggeus solat subuh pucunghul sms munggaran, ngbrhkeun kasono. Balik ti kantor, nyambung teteleponan bada magrib. Ayeuna geus wanci maju ka peutingkeun bet lebeng, euweuh kabarna pisan. Pdah po Saptu kitu, weekend, ram di imahna, atawa indit liburan sakulawarga nepi poho ka kuring. Trt nulis sms. Nanyakeun ka mana wa sapo ieu. Buru-buru dihapus, cancel. Asa gngsi miheulaan ngasms, kuduna g manhanana nu ti heula. Tong kna-kna bareng jeung pamajikanana sapopo, kuring disapirakeun. Gutrut deui nulis, Nuju naon? Dihapus deui. Trt deui, Sono. Cancel deui. Teuing hayang nulis naon ieu th. Hayang na mah itu nu ngasms. Hayang manhna nu ngabejaan. Hat sono. Peuting asa ku simp. Bet aya timburu nu sslkt jeroeun dada.HP nyoara. Bray dibuka. Sms ti manhna, nyambung rasa sigana mah.Nuju naon? Kakang sono. cenah. Geuning sarua, rasa teu nyalahan.Sami, nuju sono. Balesan singket.Ka mana wa sadinten ieu?Bbrs dirorompok, mani asa cap.Kad tong cap teuing, bilih teu damang. Kakang hariwang.Kakang, ka mana wa sadinten ieu?Ngalembur. Singket. Naha ngalembur, pan aya peraturan anyar; karyawan sabisa-bisa ulah ngalembur, keur ngajaga stabilitas perusahaan.Ngalembur di kantor? Pan teu knging. Asa panasaran.Sans. Ngalembur w sareng Mamahna. Awak karasa nyak. Hat nyongkab. Teu hayang malesan deui. Lung, HP dibalangkeun kana kasur. Gebut, awak dibeubeutkeun satarikna.Isuk-isuk saget dangdan, rk nohonan ondangan kawinan babaturan, sobat dalit pisan. Meunangkeun dirktur perusahaan otomotif. Satadina mah rk ngajakan Kang Brata, tapi sangeuk. Rasa geus katalimbeng timburu nu lain hakna. Papakan jeung dangdanan dibdakeun ti sasari. Komo ieu nohonan ondangan di gedung. Gegedn wungkul nu bakal daratangna og. Nangtung hareupeun eunteung satangtung. Awak dibungkus ku drss warna wungu ngebat nepi ka mumuncangan. Leungeunna semet siku. Buuk disanggul modrn. Beungeut dipulas.Geulis manh th, Ningrum. Gerentes hat.Enya, tapi kageulisan th lain dipak ngagoda salaki batur. Hat nmbal.Na da lain ngarebut. Manhna datang sorangan.Antepkeun!Da karunya, dihar-harkeun wa ku pamajikanana.Ah ta mah alesan lalaki.Teuing atuh kudu kumaha. Ieu hat geus kabeungkeut pageuh ku galindeng asihna, karasa anteb nyeceb kana hat. Rasa nu hudang dina salah mangsa. Rasa nu eunteup dina salah tempat. Salah jalma. Tapi rasa mah teusingna salah. Nu salah mah urang, salah nempatkeunana. Salah bet neundeun asih di tempat nu geus kapimilik nu lian. Mun seug ditampik, ieu hat boa kumaha. Moal bina ti langlayangan kapakan, pegat talina.Logika nitah pegat. Logika nitah enggeusan. Kapan geus karasa ku soranga, kumaha nyerina dipangduakeun kanyaah? Piraku teuing kudu nurutan Si Pikasebeleun mah. Rerebut salaki batur. Ngakukeun sekertaris jeung asistn pribadi, geuning nepi ka ngaasistnan saga-galalana. Dua taun wawuh jeung salaki, sapagawan. Harita salaki kakara unggah jabatan jadi manager lapangan, nu tugasna mindeng ka luar kota. Ngontrol proyk nu aya di sakuliah wewengkon Jawa Bali. Dipasilitasan sekertaris, nya aww tolohor ta. Nepi ka salaki kaeurad ku panggodana, katarik ku pangasihna. Tega ninggalkeun kuring. Caduna og moal hayang deukeut jeung salaki batur. Palaur. Inggis ku bisi, rmpan ku sugan. Bisi pokeun. Kabawa ku sakaba-kaba. Karasa peurihna nepi ka ayeuna. Hat gudawang lain meumeueusan. Asa disapirakeun. Dipangejatkeun ku salaki. Ceuk batur mah, untung can boga budak. Pikeun kuring mah euweuh untungna. Sarua peurihna. Sarua nyeri hatena.Tapi ayeuna, naha bet kieu? Naha rk ngarempak papagon sorangan? Ka mana cadu nu baheula, nu kungsi cicing pageuh dina diri. Naha rk lah ku kanyaah nu halimunan? Tga nyinglarkeunana? HP nu ngagolr dicokot. Layarna diusap. Bray sms ti Kang Brata, dibaca deui. Nungguan balesan pangajakna. Ka lembur, manggihan kolotna. Trt ngamimitian nulis. Reg eureun, ngarengkog. Tulisan nu tinggal ngirim dipupus deui. Tarima entong? Hat sabil. Rasa pagaliwota jeung logika, embung silih lhkeun.Ku hayang bisa ngapung. Rk melesat ngambah jomantara. Hayang nyumput tukangeun mga, ngarah teu tepung jeung manhna. Hayang mubus jeroeun mga hideung. Nyumput tina pannjo sasaha. Hayang ucang-ucangan dina mga bodas. Rk ngawaskeun ketak manhna lamun ditinggalkeun ku kuring. Ku hayang bisa ngapung, mapak awang- awang, nu legana tan ambahan.Girimis ngerepan. Langit nu kareumpeukan mga kulawu, hs puyarna. Perawan Cinta nu dihaleuangkeu ku Rossa, wanoja urang Sumedang ngagendrung knh dina ceuli sumarambah kana bayah, gumulung dina jajantung.Naha kudu nyalahkeun diri, mun kuring miasih anjeunbongan geus aya nu boga. Ngarasa diri parawan, nu hanaang ku kacinta.