Download - Kampung adat cigugur kuningan
KAMPUNG ADAT CIGUGUR KUNINGAN
Kelompok 3
Aldi AldinarRena R. Neng SitiIkhsan
ihfaz
LETAK CIGUGU
R
numutkeun lokasina, cigugur tèh asup kawilayah Kab. Kuningan.
Lokasina bèh wètaneun Kuningan sabudereun Gunung Ciremai. Ayana
di kalèreun Kota Cirebon tug jadi daèrah nu nghubungkeun Cirebon,
Majalèngka, Ciamis jeung Tasikmalaya.
Numutkeun sosio-Kultural Cigugur tèh mangrupa wilayah anu mibanda
kaistimèwaan yèn Cigugur tèh mangrupa kampung adat nu masih
ngajungjung tradisi, budaya, tur kaarifan lokal Sunda. Ku kituna Cigugur sok jadi tempat diajar
Kabudayaan Sunda.
PanganteurCigugur
BASA SAPOPOÈ
Basa Sunda anu jadi basa sapopoéna nyaéta Basa Sunda dialék Timur Laut anu padeukeut jeung Basa Sunda Baku atawa Sunda dialék Selatan anu dicirikeun ku masih digunakeunna bentuk pepel “EU”. Mung dina sababaraha kecap aya nu béda, diantarana:Panggunaan kecap “Kami” nu ngagantikeun kecap “Saya” Indonésiana atawa “Abdi” nu rubung dipaké di dialék Sunda Baku.Panggunaan kecap “Nyaneh” nu ngagantikeun kecap “Kamu” Indonésiana atawa “manéh atawa anjeun” nu rubung dipaké di dialék Sunda Baku.“siapa, bagaimana, kenapa” dina basa Sunda Baku “saha, kumaha, naha” ngan dina basa Sunda dialék Timur Laut ngagunakeun kecap “sadeh, kumadeh, jeung nadeh” nu jadi cirina.
Gedung Paseban Tri Panca Tunggal
Gedung Paséban Tri Panca Tunggal. Gedung bodas mencéyas
jeung jandéla nu gararedé. Di gedung ieu cucu Kyai Madrais
(Pupuhu aliran Sunda Wiwitan), Djatikusumah, mukim jeung katurunanna. Tiap kaping 18 tikakeun kaping 22 Rayagung numutkeun almanak Sunda.
Ratusan jalma datang ka Cigugur ngarayakeun rangkéan acara Sérén
taun, ungkapan rasa syukur masyarakat agraris Sunda ka
haribaan Gusti Pangeran.