kadaharan urang sunda

Upload: andri-herdianto

Post on 10-Mar-2016

152 views

Category:

Documents


6 download

DESCRIPTION

Kadaharan Urang Sunda

TRANSCRIPT

Kadaharan Urang SundaCilokCilok atanapi aci dicolok nyata kadaharan asli ti Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, bisa og uyah hungkul.Aya deui istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi, misalna: abon, sosis, gajih, urat, endog puyuh, jeung sajabana.Cilok biasa didahar jeung sambel kacang sareng kcap.CirngCirng kapondokan tina aci digorng, nyata kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, dibungbuan, tuluy digorng.Resp cirengBahan: 100 g tipung aci 1 sdm tipung tarigu 375 ml cai 1/2 sdt pedes bubuk 1 sdt uyah 1 siung bawang bodas, diparud 30 g kacang kadel bodas, dikeueuman nepi ka hipu, tuluy pisahkeun 1 batang bawang daun, iris halus minyak gorengCara nyieunAduk tipung jeung cai, pedes, jeung uyah nepi ka rata. Tambihan ku bahan sejenna, galokeun sing rata. Gorng sasndok sasndok nepi koneng jeung garing. Angkat.Kanggo 10 sikieun.

ComroComro atawa combro nyata kadaharan has ti Jawa Kulon. Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digorng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut knh.MisroMisro nyata kadaharan has ti Jawa Kulon. Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digorng, alatan ta pisan dingaranan Misro anu mangrupa singketan tina amis di jero (basa Sunda). Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih knh haneut.KurupukKurupuk (Ind. kerupuk; Ing. crackers) nyata salah sahiji jenis kadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun beurat sjnna (hucap, baso, lotk, jrrd.).Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkna digorng mak lisah kalapa atawa disangray.Rupa-rupa kurupukSababaraha jenis kurupuk nu loma aya di Tatar Sunda di antarana: Kurupuk aci: kurupuk pangkawentarna di Tatar Sunda alias kurupuk standar kulantaran murah. Dijieun tina aci sampeu. Biasana bentukna buleud jeung warnana bisa macem-macem sanajan warna panglomana mah bodas. Ieu kurupuk teu pati kuat dina rasa, meureun kulantaran cara nyieunna nu teu ngagunakeun bungbu. Kurupuk kulit (rambak, dorokdok): Kurupuk nu loba dijual di wewengkon Cirebon-Indramayu, dijieun tina kulit sapi. Rasana gurih deukeut ka asin tur boga ciri has sok lngkt na ltah bari jeung mr sensasi tingbeletok. Puseur industrina aya og di Garut. Kurupuk malarat/mlarat: Kurupuk ieu og loba dijual di wewengkon Cirebon jeung salah sahiji oleh-oleh dahareun nelah ti Cirebon. Sawatara jelema nyebutkeun yen ngaran kurupuk Mlarat teh diturunkeun ti na kecap malarat (melarat; B. Indonesia) nu artina sangsara ku dunya. Bisa jadi ieu teh dihubungkeun ku cara nyieunna nu henteu digoreng ku lisah atawa peletik tapi disangray make keusik panas. Bahan dasar kurupuk ieu sarua jeung kurupuk sejen nyaeta aci. Nu ngabedakeun krupuk ieu dina ngasakeunna nu henteu digoreng make minyak tapi disangray dina keusik panas. Biasana bungbu karek dibalurkeun sabada kurupuk asak. Warna nu loma beureum, bodas, jeung konng. Di daerah asalna, sabungkus kurupuk mlarat diregaan 3.000-3.500 rupiah. Kurupuk bondon: warnana beuruem lada tapi kacida nikmatna. Kurupuk hurang: dijieun make bahan dasar hurang Kurupuk jngkol: dijieun make bahan dasar jengkol Kurupuk gndar: dijieun make bahan dasar gendar Kurupuk solondok: dijieun tina bahan dasar sampeu, rasana aya nu asin semu amis, aya nu lada. Sntra produksina loba di darah Kabupatn Magelang, ari nu ngicalna mah di Bandung og seueur.Kurupuk liannaSababaraha kadaharan ieu bisa digolongkeun kana golongan kurupuk, sok sanajan sabagean di antarana kadang-kadang disebut kiripik atawa cukup diistilahkeun gogorngan. Kurupuk gadung: didamel tina gadung Saroja: Kurupuk jaat: dijieun tina jaat ro (Rangginang oyg): Kurupuk oyk: Opak:Didamel tina bas ketan Kicimpring (di sababaraha wewengkon diseut og bca):didamel tina sampeu Rangginang (raginang, ranginang): didamel tina bas ketan. Kurupuk dun: kurupuk beureum jeung lada kabeuki barudak sakola Kurupuk rorombheun: rupana bareulah jiga dampal suku nu rorombeheun, tapi nikmatna kacida luar biasa. Rmpyk (atawa gorng kacang): dijieun tina tipung beas nu diabrukan suuk atawa kacang kadel tuluy digoreng. Emping, tina tangkil, kadang-kadang aya oge tina sampeuOncomOncom nyata kadaharan tina kacang anu di-fermentasi-keun. Oncom mangrupakeun kadaharan has rahayat di Indonsia. Loba kamonsan tina oncom, diantarana oncom bisa jadi deungeun sangu ku jalan dipais, dibobotok, digorng biasa, atawa dipasak jeung leunca. Oncom bisa oge dikokolakeun jadi kiripik oncom.Jenis oncomSacara garis badag, oncom aya dua rupa, nyata: Oncom beureum, ilaharna dijieun tina hampas tahu, nyata kacang kadel nu geus dicokot protinna nalika nyieun tahu. Ku kituna, nu dijieun oncom teh mangrupakeun sesa nyieun tahu. Oncom jenis ieu nyieunna dibantuan ku jamur Neurospora sitophila. Oncom hideung, ilaharna dijieun tina bungkil suuk, nu kadang-kadang dicampuran ku hampas (onggok) sampeu atawa tipung sampeu, supaya tksturna leuwih alus jeung leuwih hipu. Bungkil suuk mangrupakeun hampas tina suuk nu geus dicokot minyakna ku cara diperes atawa dikstraksi Oncom hideung nyieunna dibantuan ku jamur Rhizopus oligosporus.Kandungan giziSanajan bahan-bahan oncom mangrupakeun panyesaan, tapi tina segi gizi mah masih keneh padet ku gizi, nu matak kacida nyaahna lamun heug dipiceun atawa ukur dibikeun ka ingon-ingon teh.Bahan baku sejenna nu diperlukeun nalika nyieun oncom nyaeta kapang. Kapang oncom bisa ngaluarkeun enzim lipase jeung protease nu aktip salila proses fermentasi tur nyekel peranan penting dina nguraikeun pati jadi gula, nguraikeun bahan-bahan pinding sl kacang, nguraikeun lemak, sarta ngawangun alkohol saeutik tur mangrupa-rupa ster nu bauna sedep.Loba jalma nu kurang ngahargaan oncom tibatan hasil ngokolakeun kakacangan lianna, saperti tahu atawa tmp. Hal ieu teh alatan oncom dijieunna tina hampas tahu atawa suuk. Padahal, sabenerna mah oncom miboga ajn jeung kualitas gizi nu alus minangka hasil tina proses fermentasi. Lamun dibandingkeun, oncom bungkil suuk mibanda protein, lemak jeung padetan nu ngaleyur leuwih loba tibatan oncom hampas tahu.Ku ayana proses fermentasi, struktur kimia bahan-bahannu tadina kompleks, bakal kaurai jadi senyawa-senyawa nu leuwih basajan sahingga leuwih gampang dicerna jeung dimangpaatkeun ku awak manusa. Proses fermentasi ku kapang oge ngahasilkeun rasa nu dipikaresep ku konsumen.Kagunaan sejenProses fermentasi ku kapang Neurospora sitophila jeung Rhizopus oligosporus geus kabuktian bisa nyegah efek flatulensi (kembung beuteung) sabab salila proses fermentasi, kapang bakal ngahasilkeun enzim alpha-galaktosidase nu bisa nguraikeun raffinosa jeung stakhiosa kadele nepi ka hambalan nu kacida handapna, nu alus keur nyegah dibentukna gas.Nalika nyieun oncom, kaberesihan proses nyieunna diperlukeun keur nyegah mecenghulna mikroba-mikroba sejen, utamana kapang Apergillus flavus nu bisa mroduksi aflatoksin. Tapi, aflatoksin nu mangrupakeun racun, bisa diteken ku Neurospora sitophila jeung Rhizopus oligosporus. Aflaktosin ilahar mucunghul lamun bahan kakacangan mutuna goreng, ku kituna dina nyieun oncom diperlukeun mutu bahan nu hade.SambelSambel mangrupakeun deungeun/rncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonsia, Malaysia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna mak cngk atawa cab, sahingga rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyata ku jalan dirndos dina cot, mak mutu.Rupa-rupa sambelGumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel th aya sababaraha rupa. Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana sambel goang: bahanna ukur cngk, uyah, jeung surawung, dirndos terus digalokeun kana sangu atawa dicol ku kacang panjang atah (kumaha karesep), atawa uyah, kcap, minyak jalantah, cab beureum jeung bawang bodas dirndos tong lembut teuing. sambel oncom: oncom (beunang meuleum), cngk, beuleum bawang beureum, uyah, gula, cikur (lamun resep), jeung tomat dihijikeun terus dirndos, dicaian saeutik, terus digorng sakeudeung (teu digoreng oge teu nanaon, kumaha karesep), lalabna cukup ku seupan daun sampeu/gedang, peuteuy, jngkol jrrd. sambel tarasi: tarasi, gula, uyah (saeutik), cngk, tomat, bawang beureum; sakabeh bahan digorng heula iwal gula jeung uyah, sanggeus kira-kira asak terus dirndos dihijikeun sakabh bahan dina cot, saterusna digorng sakeudeung. Lalabna bisa seupan daun sampeu atawa lalab atah oge bisa (takokak, jrrd.) sambel muncang: muncang nu kolot (dibeuleum heula), cngk, uyah, gula; muncang beunang meuleum dihijikeun jeung bungbu nu sjnna terus dirndos dina cot (caian saeutik); lalabna jngkol ngora jrrd. sambel jah: jah, uyah, gula, cngk; jah diteukteukan laleutik terus dirndos dihijikeun jeung bungbu nu lianna, sanggeus rngs kcapan sacukupna (lamun resep) terus galokeun jeung lauk beunang meuleum. sambel buah: buah manggah ngora diparud (sikina mah piceun ba), lajeng cab beureum, tarasi, cngk, gula, uyah beureum dirndos, saparantosna campurkeun jeung parudan manggah ta, aduk nepi ka rata, biasana baturna jeung beuleum lauk. sambel kcap: cngk dirndos terus dikcapan. sambel kacang: suuk beunang ngagorng dirndos jeung uyah, gula beureum, bawang bodas, cikur, jeung cngk. sambel picung: picung kelewek (picung sok dikubur heula dina taneuh), uyah, gula, cngk (kahade kudu rada ati-ati bisi picungna aya racunan, mun bisa mah dilob heula ku cai haneut). sambel gorng: bawang bombay disiksik lajeng digorng nepi ka konng, tambahkeun cngk jeung bawang bodas beunang ngarndos, gula bodas, kcap asin, jeung udang ebi (beunang ngeueum ku cai panas) nepi ka seungit. sambel tomat: sambel cibiuk: aya dua rupa, sambel beureum jeung sambel hjo. Sambel beureum dijieun tina tomat beureum, cab beureum, surawung, gula, uyah, bawang bodas, bawang beureum, jeung cikur, sedengkeun sambel hjo mak tomat jeung cab hjo. Ieu sambel dirndosna tara nepi ka lembut, sapuratina asal nyampur.Tahu SumedangTahu Sumedang nyata tahu nu asalna ti Sumedang, Jawa Kulon. Tahu ieu biasana digorng nepi ka rada garing, semu coklat, tur asin. Cocog lamun didahar jeung lontong. Sanajan asalna ti Sumedang, tahu ieu kiwari geus loba dijieun di wewengkon lianna di Indonsia.Sajarah Tahu SumedangTumuwuh jeung nanjeurna industri tahu di Sumedang, teu leupas tina peran para warga katurunan anu kacatet dina sajarah salaku lulugu tukang nyieun tahu anu dibawa ti nagri maranhna. Upamana ba lulugu tukang nyieun tahu Sumedang nyata Ongkino, Bungkeng, Ong You Kim (Ukim), Ko Aniw, Ko Lento, Ko Jung Gong, jeung Babah Hek. Mangka teu heran kadaharan asal nagri wide (pinding awi) teh dingaranan Tou Fu.Cenah mah, tahu Sumedang th dimimitian tina krativitas nu dipimilik ku bojona Ongkino, nu ti awal mula mangrupakeun nu boga pokal pikeun nyieun Tou Fu Cina anu lambat laun ganti ngaran jadi Tahu. Mangtaun-taun, Ongkino jeung bojona terus ngulik usaha maranhna. Nepikeun ka kurang leuwih taun 1917, anak manhna hiji-hijina Ong Bung Keng nyusul ka tanah Sumedang. Bung Keng terus neruskeun usaha kadua kolotna nepikeun kaduana milih balik deui ka nagri asalna di Hokian, Cina.Ngaliwatan alih generasi, Ong Bung Keng, anak tunggal Ongkino, tuluy neruskeun usaha anu diwariskeun ti dua kolotna nepi ka maotna di yuswa 92 warsih. Di balik kahotna Tahu Sumedang aya og carita anu rada mistik, kawas naon anu dicaritakeun ku incu ti Ongkino, Suryadi. Kira-kira dina warsih 1928, cenah hiji po tempat usaha sang aki buyutnya, Ong Bung Keng, didatangan ku Bupati Sumedang, Pangeran Soeria Atmadja anu pareng ngaliwat numpak dokar dina lalampahan nuju ka Situraja.Sabot nempo si aki ngagorng tahu, jol aya kapanasaran, kadaharan naon anu keur dijieun si aki. Sajaba bentukna anu unik, aroma pasakanna og ngondang anjeunna anu geura-giru turun ti tutumpakanana pikeun menyapa akina anu uplek ngagorng.Maneh keur ngagorng naon? tanya bupati ka si aki.Ngadng patarosan ta, Ong Bung Kng og nmbalan bari usaha ngcskeun sebisanya. Yn manhna th keur ngagorng kadaharan anu dipikawanoh di taneuh kalahiranana ngaranna Tou Fu Cina. Kutan, guaran ta, beuki nyieun geremet Pangeran Soeria Atmadja, anu saterusna mecakan ngasaan kadaharan anu kakara mimiti manhna temui.Rngs ngasaan, ujug-ujug Bung Kng kungsi reuwas ku reaksi pangran, anu sacara spontan ngungkabkeun kecap-kecap, Ngeunah geuning tahu th. Lamun manh terus ngajual dagangan maneh bakal payu kedalna bari beungeut pinu ku rasa seubeuh.Ti kajadian po ta, lalaunan tapi pasti komara Tou Fu Cina anu henteu ngahaja robah ngaran jadi Tahu Sumedang, alatan omongan pangran beuki nak. Sumawona, carita datangna sang pangeran gancang sumebar ka sakumna penjuru Dayeuh Sumedang.Cacak rada mistis, diaku Suryadi, kitu pisan kanyataan. Alatan omongan sang pangran, ujug-ujug Tahu Sumedang robah jadi hiji kadaharan anu henteu kungsi dipiboga ku wewengkon sjnna.RanginangRangginang (atawa raginang, ranginang, Basa Indonsia:rengginang, rengginan) mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonsia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonsan ranginang gumantung wewengkonna asing-masing.Kagunaan rangginangRangginang bisa didahar langsung, minangka susuguh keur smah boh di imah atawa dinu kariaan, atawa bisa oge keur deungeun sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun rangginang didahar jeung cikopi.Rupa-rupa rangginang Dumasar rasana, rangginang aya nu asin jeung amis. Nu pangilaharna mah rangginang asin. Dumasar bentukna, wangun rangginang tiasa rupi-rupi, gumantung citakannana, tiasa buleud atanapi kotak, kadang-kadang henteu dicitak ku citakan, mung dirka-rka ku panangan wa. Dumasar ukurannana, henteu aya babagian ranginang nu pasti dumasar kana ukurannana, tapi rangginang bisa variatif ti ukuran pangleutikna nu diameterna kurang leuwih 3 senti, nepikeun ka rangginang-rangginang gede nu leuwih ti sapuluh senti. Dumasar nu nyieunna, rangginang bisa dibagi jadi rangginang jieunan sorangan (biasana ibu-ibu di imah sorangan keur nyuguhan semah atawa kadaharan sapopoe, nyieunna make parabotan saayana, citakannana kadang-kadang ukur dijieun tina awi), sarta rangginang jieunan pabrik(kiwari pabrik rangginang loba di mana-mana kalayan make citakan nu leuwih hade)Bahan ranginangRanginang dijieun tina bas ketan anu diseupan sareng dibungbuan. Bungbuna bisa rupa-rupa gumantung kana rasa nu dipikaresep. Pikeun ranginang asin, uyah, bawang bodas jeung sajabana tangtu dibutuhkeun. Kadang-kadang ditambahan tarasi. Keur raginang amis, tangtu kudu make gula.Cara ngadamel rangginangKanggo ngadamel rangginang, beas ketan diseupan sareng dibungbuan. Saparantosna cekap asakna (teu kenging asak teuing), ketan nu tos pagalo sareng bungbu teras dicitak, didaraykeun dina nyiru, ayakan atanapi rupi-rupi anyaman anu tiasa dianggo kanggo moe. Lajeng rangginang dipo dugikeun ka garing. Saparantosna garing, rangginang atah digorng.BajigurBajigur nyaeta salah sahiji inuman ti Sunda atanapi wewengkondaerah Jawa Barat. Bahan utamina nyeta kopi, gula aren, jeung santan kalapa. Keur nambah kanikmatan dicampurkeun oge uyah sarng bubuk vanili sacukupna.Inuman ieu disayagikeun panas keneh nu biasa diical ngangge gorobak disadiakeun oge komporna pikeun naheur. Bajigur cocok diinum keur cuaca tiris atanapi saenggeus hujan. Tuangeun nu sering disayogikeun sareng bajigur sapertos kulub pisang, kulub hui, atanapi kulub kacang taneuh.BandrekBandrek sami sareng bajigur mangrupi inuman tradisional orang Sunda ti Jawa Barat. Inuman ieu cocok disayagikeun nuju keur tiris, sapertos nuju hujan atanapi peuting-peuting. Bahan dasarna nu paling penting nyaeta salah sahijina mangrupa jahe jeung gula beureum, tapi di daerah-daerah sejan ditambahkeun rempah-rempah supados karasa haneutna leuwih manjur, sapertos sereh, pedes, pandan, endog hayam kampung, jeung sajabana. Susu bisa oge ditambihkeun, tergantung salera. Seeur nu percanten yen bandrek aya khasiatna keur ngubaran panyakit ringan sapertos nyeri tikoro. Aya oge bandrek nu husus pikeun keur urang dewasa kusabab efek panasna.