nadom isra miraj

3
maha suci nu miangkeun kahambana dina putting jumplang-jempling lalugina ti masjidil harom nu aya di mekkah ka msjidil aqso anu loba berkah sina ninggal dalil-dalil ayat-ayat kajadian-kajadian nu berhikmah anu pinuh picontoeun pikeun umat gambaran jalma nu ta’at nu ma’siat harita teh bulan rojab bulan na mah tanggal na teh tanggal 7 likur ceunah nabi nuju ebog raos geunah- geunah di masjidil harom caket pisan ka’bah kurunyung teh jibril sumping rek nyucian petuangan di belek tulut di laan kokotoran salajeungna di eusian ku hikmah ku ilmu sareng kaimanan tuluy di tunggangkeun kana tutunggangan any cepet kilat teu aya tandingan biur mejeng angkat jibril nu nyareungan ngalangkungan gunung-gunung jeung daratan sajajalan seur pisan titingalan ka anehan nu nambihan kayakinan pikeun umat islam ngajadi gambaran paya cepet lempeng heuteu saleleran kantos lungsur solat heula 4 kali lebah yatsrib lebah madyan deukeut kai tilas musa reureuh nalika balai di udag-udag fir’aun raja keji MEMPERINGATI ISRA MI’RAJ KOMPLEK SDN GUNUNG LIPUNG TAHUN 2015

Upload: ivannet

Post on 11-Nov-2015

40 views

Category:

Documents


13 download

DESCRIPTION

Nadom Isra Mi'raj

TRANSCRIPT

MEMPERINGATI ISRA MIRAJKOMPLEK SDN GUNUNG LIPUNG TAHUN 2015

maha suci nu miangkeun kahambanadina putting jumplang-jempling laluginati masjidil harom nu aya di mekkahka msjidil aqso anu loba berkah

sina ninggal dalil-dalil ayat-ayatkajadian-kajadian nu berhikmahanu pinuh picontoeun pikeun umatgambaran jalma nu taat nu masiat

harita teh bulan rojab bulan na mahtanggal na teh tanggal 7 likur ceunahnabi nuju ebog raos geunah-geunahdi masjidil harom caket pisan kabah

kurunyung teh jibril sumping rek nyucianpetuangan di belek tulut di laankokotoran salajeungna di eusianku hikmah ku ilmu sareng kaimanan

tuluy di tunggangkeun kana tutungganganany cepet kilat teu aya tandinganbiur mejeng angkat jibril nu nyareunganngalangkungan gunung-gunung jeung daratan

sajajalan seur pisan titingalanka anehan nu nambihan kayakinanpikeun umat islam ngajadi gambaranpaya cepet lempeng heuteu salelerankantos lungsur solat heula 4 kalilebah yatsrib lebah madyan deukeut kaitilas musa reureuh nalika balaidi udag-udag firaun raja keji

ditursyina di baitul amin oge solathikmah na mah memperingati eta tempatda tempat nu 4 teh tempat karamattilas nabi-nabi karenging darajat

katingali aya iprit rek nyurudukku nabi di keproh harita ti kusruksabab harita ku jibril gancang di wuruk jampe pikeun ngalawanan musuh hawuk

katingali aya jalma keur taranimelak pare melak jaging kacang huiari pek dialana beut balik deuileubeut deui meumpeuy deui kawas tadi

kitu bae saterasna heunteu peugatnabi bengong teras naros malaikatwalon malak jibril teh gusti muhammadeta jalma-jalma teh nu tukang jihad

saterasna aya seungit ngadalingdingngambuang nambahan kaseugaran peutingsaur jibril ieu sikam di mukmininnyi masitoh nu iman na kuat yakin

katingali aya jalam di paprekanhuluna kot dempak tapi model pisanlamun geus dempak teh buleud deuipeprek deui dempak deui teterusansaur jibril eta nu abot hulunalamun rek solat teh sok hese hudangnapekprek hulu the gambaran wawalesnadi akherat jadi balesan amalna

Syarat sah solat aya 81. Suci dina hadas2. Suci dina najis3. Nutupan aurat4. Madep ka kiblat5. Uninga kana waktu asupna solat6. Uninga eta solat fardu7. Ulah nekatkeun ka solat sunah8. Ulan midameul pabatalan solat

Rukun solat aya 171. Niat2. Takbiratul ikhrom3. Ngadeug pikeun anu kawasa4. Maca fatihah5. Ruku6. Tumaninah dina ruku7. Itidal8. Tumaninah dina itidal9. Sujud10. Tumaninahk dina sujud11. Diuk diantara dua sujud12. Sujud nu ka dua13. Tumaninah dina sujud ka dua14. Tahiyat akhir15. Maca sholawat16. Maca salam17. Tartib

Anu kabatalkeun solat aya 131. Ku sabab hadas2. Ka keunaan najis3. Muka na aurat4. Nyarios sanajan dua huruf5. Ngahaja-haja migawe perkara6. Barangdahar7. Usik 3 kali berturut-turut8. Ngajleng anu tarik9. Nenggeul anu tarik10. Ngahaja nambahan ruku11. Miheulaan imam12. Niat meugatkeun solat13. Ragu-ragu hate