ngahuma uran'g baduy -...

2
o Sabtu o Senin 0 Selasa 0 Rabu -------2---3----4--~ 67 17 18 19 20 21 22 Kamis 0 Jumat o Minggu 8 23 9 10 11 24 25 26 14 15 29 30 31 12 13 27 28 OJan OPeb o Mar OApr Me; OJun OJul OAgs OSep OOId ONov ODes NGAHUMA URAN'G BADUY . ! NYACARJEUNG NARAWAS D ina bulan Kapitu (Juli-Agustus) nurutkeun kalender.· Baduy biasana di huma serang enggeus ngahuru jeung ngaduruk, diteruskeun ku melak pare atawa ngaseuk. Tapi, di huma Puun masih keneh ngahuru. Samalah di hum a tiap kaluarga Baduy Jero jeung Baduy Luar leuwih katinglaeun, nyaeta masih nyacar. Dina waktu harita, satiap kaluarga Baduy Jero jeung Baduy Luar dina bulan Kapitu sakabehna saribuk nyacar leuweung. Tapi, saencan nyacar biasana diayakeun heula upacara nara- was. Kecap narawas ngandung harti ngabersihan atawa ngamimitian gawe. Tarawas oge ngandung harti nyieun tanda rehna luwuk leuweung enggeus diaku kunu bakal ngagarap. Hartina luwuk leuweung eta enggeus henteu bebas deui digapar ku kaluarga liana. Pikeun ngalaksanakeun upacara nara- was biasana disadiakeun rupa-rupa bahan, di antara wae batu beuneur, batu asahan, ruas awi diisi cai, menyan atawa gaharu dina batok anu dieusi parukuyan lebu katut areng, jeung panglay (Zingiber cassumunar). Sakabeh bahan upacara dis- impen di tengah-tengah luwuk reuma kolot anu bakal dijadikeun huma. Dina waktuna upacara narawas, gaharu atawa menyan diduruk, panglay dicapek jeung saterusna diburakeun kana taneuh, bari dibacakan jampe-jarnpe ku anu boga huma atawa nitahan ka salah saurang kokolot anu dianggap pinter jampe-jampe narawas. Dina upacara narawas biasana rupa-rupa jarnpe dikedalkeun, saperti . jarnpe ngusir oray,jampe ngusir siluman, jampe ngusir kunti anak, jeung jampe kaliboro. Upacara biasa digawekeun ku kapala kaluarga dibantu ku anggota kalurga liana. Samalah upacara pikeun kalurga janda atawa kaluarga anu masih ngamimitian, biasana upacara dibantu ku kapala keluarga lian atawa dibantu ku dulurna. Nurutkeun Urang Baduy, upacara narawas ngandung maksud pi- keun menta idin kanu ngageugeuh leu- weung rehna leuweung arek digarap "Ku .Iohan-Iskandar 2 " dijadikeun huma. Biasa oge narawas teh disarebutna,ku Urang Baduy. pikeun ngadamaikeun kanu boga leuweung. Tapi, kagunaan praktisna maha meureun narawas teh mere tanda ka kaluarga liana, rehna luwuk leuweung di eta temp at enggeus aya nu ngaku, kaciri enggeus aya tanda-tandana jeung aya sesa-sesa upacara narawas. Salian ti eta, ngagu- nakeun beuti panglay anu biasana aro- mana bau, manfaat pikeun ngusir sasatoan anu bisa ngabahayakeun, saperti langir, kala, oray anu peurahan, kusabab sasatoan biasana sensitif kana ngambeu bau-bauan, saperti bau panglay. Salian ti eta, aya kapercayaan di Urang Baduy atawa Urang Sunda umumna rehna panglay biasa digunakeun pikeun nolak pangaruh hantu, iblisjeung kuntilanak. Nyacar Rungkun Reuma Rengse upacara narawas, dina poe hari- ta keneh rungkun-rungkun kai laleutik jeung jujukutan dicacar ku parang (di Baduy Jero parangna husus disebutna kujang). Tapi, biasa oge rengse upacara narawas, lubuk leuweung diantepkeun heula sababaraha poe, henteu langsung dicacar. Pakakas parang di Baduy Luar biasana meh sarupa jeung arit, nyaeta puhu parang aya liangan pikeun gagang kai panyekelanana. Tapi, lain deui jeung pakakas parang Baduy Jero, biasana puhu tungtung parang seukeut pikeun dicece- bkeun kana gagang kai panyekelanana, anu disebutna pakakas kujang. Biasana rupa-rupa tutuwuhan di leuwe- ung bakal pihumaeun atawa leuweung urut huma anu dihaja digamblungkeun (reuma), nyaeta kitambah (Flemingia Iin- eata), harendong (Melastoma malab- tricum), kanyere (Bridelia monoica), kaso (Sacharum spontaneum), jeung ki seu- r~uh (Piper aduncum). Sakabeh tutu- wuhan mangrupa rungkun jeung jukut teh biasana dicacar nepi ka bersih, henteu make milih-milih. Tapi, sanajan tikitu tatangkalan kai anu boga manfaat ekono- mi, saperti kawung jeung tangkal bubuhan disesakeun henteu dituaran. Biasana tiap tangkal kai anu dihaja dis- ~,. esakeun, ngan saukur dibobokor atawa ngan saukur dicacar sakurilineun tangkal kai S" r h ma. esa-sesa nuar rurupa tutuwu an rungkun atawajukut biasaria diantepkeun . ka poe ku panas panon poe, supaya garing 'jeung engke gampang didurukna. Tapi, beda jeung anu arek ngahuma di luwuk pihumaeun anu anyar. Pikeun kaluarga Baduy anu arek ngahuma ngaduakalian atawa mulihan di tempat anu tiheula. Biasana henteu aya acara nyacar rungkun jeung nuar tatangkalan kai, tapi biasana tinggal nyacarjarami, sisa-sisajarami urut panen huma anu tiheula. Ngagarap ngad- uakalian huma anu ti heula biasa disebut- na ngajami. Ngajami biasa dipigawe lamun taneuh urut ngagarap huma anu ti heula dianggap masih cukup subur pikeun dipelakan pare kadua kalina. Pagawean nyacar biasa dipigawe ku lalaki dewasa atawa dibantu ku anak-anak lalaki. Sakapeung gawe nyacar biasa oge dibantu ku tanaga awewe (tanaga bikang) dewasa, babarengan jeung anak-anak awewe. Khususna pikeun ngajami, nyacar jarami umuna digawean ku awe-awe dewasa. Umumna rupa-rupa gawe dina tiap tahapan ngahuma di Baduy, biasa digawean ku para anggota kaluarga batih, arang ngagunakeun tanaga buruh anu husus dibayar. Tapi, silih bantu gawe masih guyub diprakteun ku Urang Baduy. Utamana lamun aya gawe di huma anu kudu digawean ku loba jelema, saperti nyacar, nuar, jeung ngaseuk pare. Salian ti eta, di Baduy aya oge model gawe babarengan 10"20 jelema meunang bayaran anu disebut gawe rereongan, Tapi, duit upah buruhna biasa dikumpul- keun ku katua kelompok. Lamun aya anggota anu boga kaperluan arek meuli barang mahal, biasana bisa minjeum duit hasil rereongan. NUAR JEUNG NUKUH Tiap kaluarga Baduy rengse nyacar biasana diteruskeun ku nuar tatangkalan di luwuk leuweung anu rungkun-rungku- na enggeus dicacar bersih saencana. Nuar tatangkalan waktuna biasana dina bulan Kadalapan (Agustus-September), Dina 18 Mangle No. 2321 ----------------------------------------------------------------------------- IUlplDg Huma. aDpad 2011

Upload: vuongdat

Post on 08-Mar-2019

249 views

Category:

Documents


3 download

TRANSCRIPT

Page 1: NGAHUMA URAN'G BADUY - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/05/mangle-20110505... · itung-itungan adat. Nurutkeun adat, pi-keun ngitungna biasa ngagunakeun

o Sabtuo Senin 0 Selasa 0 Rabu-------2---3----4--~6 717 18 19 20 21 22

• Kamis 0 Jumat o Minggu823

9 10 1124 25 26

14 1529 30 31

12 1327 28

OJan OPeb oMar OApr • Me; OJun OJul OAgs OSep OOId ONov ODes

NGAHUMA URAN'G BADUY. !

NYACARJEUNG NARAWAS

Dina bulan Kapitu (Juli-Agustus)nurutkeun kalender.· Baduybiasana di huma serang enggeus

ngahuru jeung ngaduruk, diteruskeun kumelak pare atawa ngaseuk. Tapi, di humaPuun masih keneh ngahuru. Samalah dihum a tiap kaluarga Baduy Jero jeungBaduy Luar leuwih katinglaeun, nyaetamasih nyacar. Dina waktu harita, satiapkaluarga Baduy Jero jeung Baduy Luardina bulan Kapitu sakabehna saribuknyacar leuweung. Tapi, saencan nyacarbiasana diayakeun heula upacara nara-was. Kecap narawas ngandung hartingabersihan atawa ngamimitian gawe.Tarawas oge ngandung harti nyieun tandarehna luwuk leuweung enggeus diakukunu bakal ngagarap. Hartina luwukleuweung eta enggeus henteu bebas deuidigapar ku kaluarga liana.Pikeun ngalaksanakeun upacara nara-

was biasana disadiakeun rupa-rupabahan, di antara wae batu beuneur, batuasahan, ruas awi diisi cai, menyan atawagaharu dina batok anu dieusi parukuyanlebu katut areng, jeung panglay (Zingibercassumunar). Sakabeh bahan upacara dis-impen di tengah-tengah luwuk reumakolot anu bakal dijadikeun huma. Dinawaktuna upacara narawas, gaharu atawamenyan diduruk, panglay dicapek jeungsaterusna diburakeun kana taneuh, baridibacakan jampe-jarnpe ku anu bogahuma atawa nitahan ka salah saurangkokolot anu dianggap pinter jampe-jampenarawas. Dina upacara narawas biasanarupa-rupa jarnpe dikedalkeun, saperti .jarnpe ngusir oray, jampe ngusir siluman,jampe ngusir kunti anak, jeung jampekaliboro.Upacara biasa digawekeun ku kapala

kaluarga dibantu ku anggota kalurgaliana. Samalah upacara pikeun kalurgajanda atawa kaluarga anu masihngamimitian, biasana upacara dibantu kukapala keluarga lian atawa dibantu kudulurna. Nurutkeun Urang Baduy,upacara narawas ngandung maksud pi-keun menta idin kanu ngageugeuh leu-weung rehna leuweung arek digarap

"Ku .Iohan-Iskandar2

"

dijadikeun huma. Biasa oge narawas tehdisarebutna,ku Urang Baduy. pikeunngadamaikeun kanu boga leuweung. Tapi,kagunaan praktisna maha meureunnarawas teh mere tanda ka kaluarga liana,rehna luwuk leuweung di eta temp atenggeus aya nu ngaku, kaciri enggeus ayatanda-tandana jeung aya sesa-sesaupacara narawas. Salian ti eta, ngagu-nakeun beuti panglay anu biasana aro-mana bau, manfaat pikeun ngusirsasatoan anu bisa ngabahayakeun, sapertilangir, kala, oray anu peurahan, kusababsasatoan biasana sensitif kana ngambeubau-bauan, saperti bau panglay. Salian tieta, aya kapercayaan di Urang Baduyatawa Urang Sunda umumna rehnapanglay biasa digunakeun pikeun nolakpangaruh hantu, iblis jeung kuntilanak.

Nyacar Rungkun Reuma

Rengse upacara narawas, dina poe hari-ta keneh rungkun-rungkun kai laleutikjeung jujukutan dicacar ku parang (diBaduy Jero parangna husus disebutnakujang). Tapi, biasa oge rengse upacaranarawas, lubuk leuweung diantepkeunheula sababaraha poe, henteu langsungdicacar. Pakakas parang di Baduy Luarbiasana meh sarupa jeung arit, nyaetapuhu parang aya liangan pikeun gagangkai panyekelanana. Tapi, lain deui jeungpakakas parang Baduy Jero, biasana puhutungtung parang seukeut pikeun dicece-bkeun kana gagang kai panyekelanana,anu disebutna pakakas kujang.Biasana rupa-rupa tutuwuhan di leuwe-

ung bakal pihumaeun atawa leuweungurut huma anu dihaja digamblungkeun(reuma), nyaeta kitambah (Flemingia Iin-eata), harendong (Melastoma malab-tricum), kanyere (Bridelia monoica), kaso(Sacharum spontaneum), jeung ki seu-r~uh (Piper aduncum). Sakabeh tutu-wuhan mangrupa rungkun jeung jukutteh biasana dicacar nepi ka bersih, henteumake milih-milih. Tapi, sanajan tikitutatangkalan kai anu boga manfaat ekono-mi, saperti kawung jeung tangkalbubuhan disesakeun henteu dituaran.Biasana tiap tangkal kai anu dihaja dis-

~,.

esakeun, ngan saukur dibobokor atawangan saukur dicacar sakurilineun tangkalkai S" r hma. esa-sesa nuar rurupa tutuwu anrungkun atawajukut biasaria diantepkeun. ka poe ku panas panon poe, supaya garing'jeung engke gampang didurukna. Tapi,beda jeung anu arek ngahuma di luwukpihumaeun anu anyar. Pikeun kaluargaBaduy anu arek ngahuma ngaduakalianatawa mulihan di tempat anu tiheula.Biasana henteu aya acara nyacar rungkunjeung nuar tatangkalan kai, tapi biasanatinggal nyacar jarami, sisa-sisajarami urutpanen huma anu tiheula. Ngagarap ngad-uakalian huma anu ti heula biasa disebut-na ngajami. Ngajami biasa dipigawelamun taneuh urut ngagarap huma anu tiheula dianggap masih cukup subur pikeundipelakan pare kadua kalina.Pagawean nyacar biasa dipigawe ku

lalaki dewasa atawa dibantu ku anak-anaklalaki. Sakapeung gawe nyacar biasa ogedibantu ku tanaga awewe (tanaga bikang)dewasa, babarengan jeung anak-anakawewe. Khususna pikeun ngajami, nyacarjarami umuna digawean ku awe-awedewasa. Umumna rupa-rupa gawe dinatiap tahapan ngahuma di Baduy, biasadigawean ku para anggota kaluarga batih,arang ngagunakeun tanaga buruh anuhusus dibayar. Tapi, silih bantu gawemasih guyub diprakteun ku Urang Baduy.Utamana lamun aya gawe di huma anukudu digawean ku loba jelema, sapertinyacar, nuar, jeung ngaseuk pare. Salian tieta, di Baduy aya oge model gawebabarengan 10"20 jelema meunangbayaran anu disebut gawe rereongan,Tapi, duit upah buruhna biasa dikumpul-keun ku katua kelompok. Lamun ayaanggota anu boga kaperluan arek meulibarang mahal, biasana bisa minjeum duithasil rereongan.

NUAR JEUNG NUKUH

Tiap kaluarga Baduy rengse nyacarbiasana diteruskeun ku nuar tatangkalandi luwuk leuweung anu rungkun-rungku-na enggeus dicacar bersih saencana. Nuartatangkalan waktuna biasana dina bulanKadalapan (Agustus-September), Dina

18 Mangle No. 2321-----------------------------------------------------------------------------IUlplDg Huma. aDpad 2011

Page 2: NGAHUMA URAN'G BADUY - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/05/mangle-20110505... · itung-itungan adat. Nurutkeun adat, pi-keun ngitungna biasa ngagunakeun

waktu eta, huma "serang mah ,eukeurmigawean ngored kadu kalina, satutasrengse ngaseuk jeung ngored ngararnbas.Tapi, huma 'puun masih ngagaweanngaduruk sesa-sesa nyacar jeung nuar, anudituluykeun ku ngaseuk pare.Tilu poe saencana acara 'nuar biasana

diayakeun heula upacara nukuh. Poe anudipilih pikeun acara nukuh biasanasaruajeung poe acarana narawas. Pon kitu deuitempat ngalaksanakeun upacara nukuhoge sarua di tempat upacara narawas, Tiapkaluarga Baduy dina nangtukeun poe anudianggap 'hade jasa', 'poe alus' atawa 'poeanu nguntungkeun' pikeun upacara na-rawas atawa nukuh biasa ngagunakeunitung-itungan adat. Nurutkeun adat, pi-keun ngitungna biasa ngagunakeunpatokan tina 'naptu ngaran/naptu tempat'jeung 'naptu poe', Contona, lamun kaluar-ga Baduy arek ngahuma di Kaduheulang,naptu ngaran/tempatna diitung, nyaetaka=2; du (da)=3; heu (ha)=4; lang Oa)=5,jumlah totalna 2+:lt4+5=15.· Tuluy,diitung naptu poe pikeun upacara narawasjeung nukuh, contona dipilih poe Rebo,naptu Rebo=7. Naptu tempat ditambahke-un jeung naptu poe, jumlahna 21.Angka 21dibagi 3, hasilna 7, pas henteu aya nyesa,Poe Rebo dianggap poe alus atawa hadepikeun narawas atawa nukuh diKaduheulang kusabab angka 21 beak diba-gi 3. Sabalikna, lamun jumlah naptu tem-pat jeung naptu poe, henteu beak dibagi 3dianggapna poe naas. Salian ti eta dimasyarakat Baduy oge aya kapercayaanrehna sasatoan anu dianggap ngaba-hayakeun di leuweung dina unggal poenetepna bisa robah. Contona, dina satang-gal biasa sato anu ngabahayak ayana dikulon; dua satanggal aya di kidul, tilu tang-gal aya di wetan, opat satanggal aya dikaler, jeung lima satanggal aya di luhur.Kukituna, lamun narawas jeung nyacaratawa nukuh jeung nuar dina poe Rebosatanggal, pikeun nyingkahan sasatoanbahaya, ngagaweranana kudu dimimitianti beulah wetan nuju ka beulah barat.

Aya rupa-rupa bahan anu biasa digu-nakaeun pikeun nukuh, sapeti tutuwuhanrane (Selaginella willdenowii), sulangkar(Leea indica), areuy geureung (Stephaniajavonica), kapas (Gossipium barbadense),kunir (Curcuma domestica), panglay(Zingiber cassumunar), daun kawung

. (Arenga pinnata), capeu (Blumea balsam-ifera), ilat mintul (ScIeria purpurascens),jeung trumbeusi (Phyllanthus niruri).·Waktu ngamimitian upacara nukuh, sak-abeh bahan dikumpulkeun di tempat

Mangle No.' 2321

upacara. .Kapala .' kaluarga ngaduruk ,.'menyan ataWil"gllhani:.dina parukuyan "batok. Terus\:{lan~hna ngagayem pcinglayjeung diciduhkeunkana taneuh. Salian tieta, rupa-rupajampe dikedalkeun kungalaksaneukan .upacara, nyaeta kapalakeluarga anu arek ngahuma, Biasana ayarupa-rupa jampe pikeun ngahuru dimasyarakat Baduy, saperti jampe tutulakcakra, tulak pangiwang, tulak sangan jaya,tulak bangapah, tulak sungsung, tulakbatara, jeung tulak papadon opat. Sakabehjampe-jampe eta aya lambangna gambar-.gambar anu dilukis dina ruas awi. Panjangruas awina kira-kira 20 cm, anu biasa dise-but waroge. Diantara jarnpe-jampe anubiasa dikedalkeun dina ngarnimitianupacara, biasana disebut jampe ngabukaatawa disebut Allah Huma Du'a Paneda,anu dikedalkeunana saperti kieu:

Ka saking AllahNeda-neda kabul .Permentaan awaking ,Kabul permentaan awakingKabul permentaan awakingKabul permentaan awaking

Dituluykeun ku jampe saterusna nyae-ta:

Allah huma dua panedaDirahmat saking AllahKa Gusti ka ,R.omaSuciKa Allah nu kawasaKami dek: neundeunPohaci Sanghyang AsriMenta aya kajujuranKamanjuranKatut kataunKalindeukan SriHurip di bumi pertiwi.

Nurutkeun adat Baduy, jarnpe tutulaknyaeta jampe husus pikeun nyingkahkeungangguan setan (jurig). Salian ti eta, nga-gunakeun beuti panglay jeung jampekapaliasan tujuan utamana pikeun palin-dungan supaya anu. ngagarap huma bisasalamet. Conto jampe tutulak jeungkapaliasan Urang Baduy, saperti kieu:

Nqadanqdeunq di a/am keueungNgacacang di alam mokaha

. Hah, mokaha awahingHah, mokaha auxihinq

Sisingkah paliasSisingkah palias 'tetepanjebray

.Suminqkir kananq ka nabi

.Sumingkah kaninq ka Allah

Singkirkeun nu haradengki ka awaking

Palias istanPalias istanPalias istan

Dina panutbp upacara nukuh, ruasawi anu diukir mangrupa sirnbul-simbuljarnpe nukuh anu; disebut waroge dikuburdina' jero taneuhl Tujuan utama nukuhnurutkeun Urang Baduy pikeun nga-lengkepan upacara narawas, nyaeta mentaidin kanu ngageugeuh leuweung, rehnaleuweungna arek dibuka dijadikeun huma.Sabalikna ti pihak anu ngaharuma kudungajaga kasucian luwuk leuweung pihu-maeun. Kukituna; lahan pihumaeun kudusuci dijaga pisan tina kokotor sagalakagiatan jalma, saperti kakiihan. Ceukomomongan Urang Baduy mah upacaranarawas atawa nukuh teh utamana pikeunmenta widi bisi kurang nyata tempat atawaleuweung arek dicicingan jeung henteukahaja kakotoran' ku jalma. Salian ti etangagunakeun panglay penting pikeunngusir sagala sasatoan bahaya, saperti lan-gir, kala, oray jeung sajabana, kusababbeuti panglay ngaluarkeun aroma bau.

Nuar tatangkalan kai di leuweungpihumaeun biasana anu rungkun-rungku-na enggeus dicacar saencana. Nuar tatang-kalan kai beda jeung nyacar rungkun.Nyacar rungkuq-rungkun pihumaeunbiasana tebang habis tepi kabersih. Tapi,nuar tatangkalan kai dipilih kacida ati-atina pisan. Marga lantarana henteu sak-abeh tangkal dituar, ngan saukurtatangkalan anu Henteu boga nilai ekono-mi anu kudu dituar. Tapi, tatangkalan kaianu boga nilai ekonomi, saperti kadu, peu-teuy.jengkol, buah, kaweni, kawung,jeungsajabana ngan saukur ditutuhan wungkuldahan-dahana supaya ulah ngahieumanengkena kana pare huma. Pagawean nuartatangkalan kai biasa digawean ngansaukur sababaraha poe, henteu jiga nyacarrada kebel jasa. Marga lantarana henteusakabeh tangkal kai dituar, jeung lolobanangan saukur nutuhanwungkul. Kagiatannuar biasana digawean ku lalaki dewasa,kapala kaluarga dibantu ku anggota kalu-arga liana, utamana anak-anak lalakiatawa dibantu oge ku pamajikanana

*)JohanIskandar dosen jeunq pw;ralungtik

ekologi Unpad

19

~I