pahlawan toha

Upload: budi-hikmawan

Post on 11-Oct-2015

40 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Pahlawan TohaGetih Suci nyiram bumiTulang Setra Mulang LemahBabakti Sungkem PertiwiCikal Bugang Putra Bangsa Nyatana Putra Toha Pahlawan Bandung Selatan Patriot ti Dayeuh Kolot Tugu di Wangun Ngajadi CiriTarat nu MangkakLigar di mpangJadi Ciri BuktiGugurna Pahlawan TohaKaratagan Pamuda Indonesia Rempug jukung Pamuda IndonesiaTingkahna waspada ariatnaRaksa jaringning raga sukma (Tata titi)Raksa jaringning raga sukma

Kukuh pengkuh kuat nahan cocobaLemah cai merdekana abadi (pangpang-wa-da)Lemah cai merdekana abadi

Pasti urang kabeh pada kagiliran (urang kabeh pada kagiliran)Teguh nempuh perjuangan rakyat IndonesiaNgajungjung darajat bangsaSabilulunganSabilulungan, urang gotong-royongSabilulungan, urang silih rojongSabilulungan, genteng ulah potongSabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka,Rempug jukung ngabasmi pasalingsinganSatia, sajiwa,Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.

DUH INDUNG Duh indung ngaraksa ngajaringAnak najan rungsing matak pusingHenteu weleh deudeuh mikanyaah asihDi momong jeung dititimang

Duh indung ngaping ngadama-damaanak ngamumule buah hateNajan rungsing deudeuhAnak dijieun puputon

Duh Indung duh indungTimang titi ngamomong anakDuh indung... aduh indungTeu kendat ngadudu'aMojang PrianganAngkat ngagandeuangBangun taya karingrangNganggo sinjang dilambanMojang priangan

Mun di erok denokMun disanggul ayuMun disinjang lenjangMojang priangan

Diraksukan kabayaNambihan cahayanaDangdosan sederhanaMojang priangan

Umat-imut lucuSura-seuri nyariLarak-lirik keupatMojang Priangan

Mojang ti PrianganLucu sae atikanSae basa sopanMojang Priangan

Angin PrianganSeungit angin PrianganNgusapan embun-embunan duh embun-embunanHawar-hawar rerendahan ngahariringAyun ambing ayun ambing

Seungit angin kahyanganSumerepna lelembutan duh na lelembutanHawar-hawar rerendahan ngahariringEling-eling mangka eling

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lampingAnu dewek enya anu kuringTanah wasiat tanah duriatAnu matak tibelat na raraosan

Dengkleung dengdek deungkleung dengdek sisi lampingAnu dewek enya anu kuringTanah katresna jati sarakanAnu tetep marengan na lelembutan

Kembang Tanjung Panineungan"

Anaking jimat awakingBasa Ema mulung tanjung rebun-rebunDi pakarangan nu reumis knhHarita keur kakandungan ku hidepGeus opat taun ka tukangEma nyipta mulung bntangNu marurag peuting tadiBntang seungit ditiiran pangangguranAnaking jimat awakingBasa Ema mulung tanjung rebun-rebunBet henteu sangka aya nu datangTi gunung rk ngabjakeun bapa hidepNu opat poe teu mulangNgepung gunung pager bitisCenah tiwas peuting tadiLayonna keur kadieukeun dipulangkeunHarita waktu layonna geus datangEma ceurik aduuuh balilihanRas ka hidep ieung na kandunganUtun inji budak yatim deudeuh teuingHarita waktu layon geus digotongEma inget ieung kana tanjungDikalungkeun na pasaranKembang asih panganggeusan ieung ti duaanAnaking jimat awakingLamun Ema mulung tanjung reujeung hidepKasuat-suat nya pipikiranTapina kedalna th ku hariringHariring ling ku lingKana tanjung nu dipulungDuuh..Kembang tanjung nu nyeungitan pakaranganNu nyeungitan hat urang panineunganKA BULANMun pareng nincak ka bulan,Hayang mawa nini aki jeung baraya,Moal rea barang bawa,Nu di bawa ngan samping eujeung kabaya,Hayu batur sararea,Di bulan engke urang nyieun nagara,Bisi urang rumah tangga,Boga budak tong loba siga di dunya,Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya,Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara,Mun rek mandi ngahaja kumpul baraya,Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata,Mun pareng nincak ka bulan,Hayang ngaronjatkeun budaya sunda,Ketuk tilu jaipongan moal leungitSanajan pindah ka bulan,Mun pareng nincak ka bulan,Hayang mawa nini aki jeung baraya,Moal rea bari barang bawa,Nu di bawa ngan samping eujeung kabaya,Hayu batur sararea,Di bulan engke urang nyieun nagara,Bisi urang rumah tangga,Boga budak tong rea siga di dunya,Bulan mah ceuk beja beda jeung dunya,Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara,Mun rek man di ngahaja kumpul baraya,Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata,Ka bulan urang ka bulan,Ka bulan urang ka bulan,Ka bulan urang ka bulan,