makalah sajak sunda

14
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Dina kahirupan sapo-poe urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah sastra atawa karya sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea bakal manggihan harkat hirup. Tina basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok ngabogaan nilai (value). Nilai eta di wangen tina wujud wangenan karya sastra, anu sacara implicit sok aya dina galur, latar, tokoh, tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung irama. Nilai anu di kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic Value), nilai artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai etis, moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical Value). Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu ngabogaan ciri mantra, rima, teu 1

Upload: bcex-bencianak-pesantren

Post on 16-Nov-2015

1.689 views

Category:

Documents


445 download

DESCRIPTION

makalah sajak sunda

TRANSCRIPT

BAB IBUBUKA1.1 Kasang TukangDina kahirupan sapo-poe urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah sastra atawa karya sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea bakal manggihan harkat hirup. Tina basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok ngabogaan nilai (value). Nilai eta di wangen tina wujud wangenan karya sastra, anu sacara implicit sok aya dina galur, latar, tokoh, tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung irama. Nilai anu di kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic Value), nilai artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai etis, moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical Value).Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu ngabogaan ciri mantra, rima, teu jeung rima, atawa kombinasi duanana. Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra anu sejen nyaeta, dina basa-basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.Pamahaman jalma-jalma kana sajak bisa beda-beda. Ieu di sababkeun tergantung timana urang ngahartikeunna. Sajak mangrupakeun ekspresi jiwa atawa emosi panyair kana naon-naon masalah anu kapanggih dina ka hirupan. Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha wae heunteu kudu jalma-jalma anu palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun oge lantaran satiap jalma ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu bisa di jadikeun atawa anu bisa di larapkeun kana sajak.1.2 Watesan MasalahWatesan masalahna nu diangkat tina penulisan makalah ieu nyaeta:1. Naon nu dimaksud sajak teh?2. Naon wae unsur-unsur sajak teh?1.3 Maksud Jeung TujuanMaksud tina karya ilmiah ieu nyaeta pikeun nganyahokeun sajak.Tujuanna tina nyieun makalah ieu nyaeta:1. Nganyahokeun hartina sajak2. Nganyahokeun unsur-unsur sajak

BAB IIBAHASAN

2.1 Hartina SajakSajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger ku cangkang jeung eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah heunteu kauger ku pilihan kecap anu ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun (diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan khusus anu patali jeung kapercayaan.Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak heunteu disebut wangun lancaran). Wirahma, ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran, karasa nonjol dina sajak; bisa jadi lantaran ugeran-ugeran sejenna, saperti nu aya dina pupuh, heunteu dipake.Sajak teh dina sastra Sunda mah lain karya sampakan. Bisa jadi mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelar sabada merdeka. Sajak Sunda munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun 1946.Dina mimiti gelarna, sajak teh heunteu jol-jol ditarima ku masarakat Sunda. Beda jeung carita pondok. Ari alesanana, sajak teh lain wangun sastra pituin urang Sunda. Alesan anu teu bisa ditarima ku akal, sabab dina seuhseuhanana mah guguritan oge anu harita dianggap karya sastra asli urang Sunda, mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat dina majalah jeung surat kabar Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Memang umumna buku kumpulan puisi Sunda mah mangrupa kumpulan sajak anu samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.2.2 Unsur-Unsur SajakDina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal, intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak.Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention).2.2.1 Pikiran (sense) Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, dikedalkeun ngaliwatan karanganana.2.2.2 Rasa (feeling) Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.2.2.3 Gaya (tone) Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.2.2.4 Maksud (intention)Maksud (intention) sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.2.3 Conto SajakPAMAYANGKarya : Rachmat M. Sas. KaranaBulan imutngangkleung di langitbudak ulin di buruanAngin daratmuru ka lautpamayang nyolendang korangParahu leutiklaju nyiriwiknganteur usaha di sagaraWarna perakna beungeut ombakbeuteung lauk tingborelakNu jadi harepanpikeun kahirupanlaut lega paparin Pangeran

BONGAN KITU

Bongan kitu disebutna, puguh megadipapay di awang-awang: cek aing anginbongan kitu karasana, nyerina raheuttatamba ka saban tabib: cek aing ngimpibongan kitu digambarna, geulis kabina-binaditepungan unggal wayah: cek aing werejitbongan kitu pandena, nyarita soranganditataan di rs jiwa: cek aing elingbongan kitu ayana, beda jeung nu liandiguliksek dina kamus: cek aing ibadahbongan kitu itunganana: Gusti(Juniarso Ridwan, 1992)

LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkahnataan tanggal dina kalenderangger aya nu diarep-arepari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina caritateu weleh aya nu miheulaanwarna-warni kajadian. Teu kapirengda puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedihnu teu kedal. Dina kongkolakkahirupan. Aya nu miangteu mulang deui(Eddy D. Iskandar, 1992)

PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuringangin ulin dina embun-embunansawaktu-waktu kuring kudu nepungandumeh hirup halabhab cintadi maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelataya sababna kuring pegattapi nu ahir lain kaabadiankakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuringnyata, nyata tanda-tandangabalungbung jalan hirupnepi ka nyawa rek asupka maranehna kuring rek balikka maranehna kuring rek pamit(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

CINGCIRIPIT

Ngariung di pakalanganwaspada ngantelkeun curukcuruk inggis kacapitkacapit ku dampal leungeundampal leungeun dikeupeulkeunjk-jk nongnu kacapit tunggu lawang.

SILIH TULUNGANNyiruan dina pancurantiteuleum mh ba pahTitiran nenjo Nyiruankanyaah mapas hat.

Geuwat metik dangdaunandiragragkeun kana caingarayap ta Nyiruanteu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggarandiintip-intip dipanahNyiruan mulang tarimanyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubugteu tulus manah Titirangeus lsot kabh bangbaluhlantaran silih tulungan.

BAB IIIPANUTUP

3.1 KesimpulanSajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan.Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention).

3.2 SaranPikeun ngembangkeun kanyaho kana karya sastra khususna sajak anu leuwih ngembang, saena kedah ngalakukeun sababaraha kagiatan, diantarana:a. Guru-guru anu ngajar kana bidang sastra di harepkeun supaya leuwih giat kana ngabimbing murid-muridnab. Murid anu diajarna di harepkeun supaya diajarna bener-bener.c. Supaya lebih di tingkatkeun kana kagiatan ngenalkeun sastra-sastra Indonesiad. Murid supaya kudu di lobakeun kana latihan-latihan sastra.e. Ngayakeun hiji pasanggiri anu ngenaan kana sastra supaya leuwih resep kana sastra-sastra Indonesia.

DAFTAR PUSTAKA

Anindyarini, Atikah. 2008. Bahasa Indonesia Kelas VII. Jakarta: DepartemenPendidikan Nasional.Bahasa Indonesia Kelas IX. Jakarta: DepartemenPendidikan Nasional.Gumilar, Kankan.1996. Bahasa dan Sastra Indonesia. Ciparay: Hakim, Lukmanul. 2004. Bahasa Indonesia. Bandung: Elisa Surya Dwitma.Sugono, Dendi. 2003. Buku Praktis Bahasa Indonesia Jilid 1. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional.Buku Praktis Bahasa Indonesia Jilid 2. Jakarta: DepartemenPendidikan Nasional.Suryana, dkk. 2006. PILA Bahasa dan Sastra Indonesia.Bandung: Elisa SuryaDwitama. Wirajaya, Asep Yuda , dkk. 2008. Berbahasa dan Bersastra Indonesia. Jakarta: Departemen Pendidikan Nasional.Yogaswara, Yodi. 2006. Terampil Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 1SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.Yodi. 2006. Terampil Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 3 SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima9