tugas b.sunda.docx

5
Kabersihan Sakola Assalamu’alaikum Wr.Wb Bismillahirohmaanirrohin Bapak kepala sekolah, bapak, ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerenca anu ku simkuring dimulyakeun. Puji sinareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah nu maha suci, margi sadaya tiasa kempel dina ieu acara. Sholawat sinareng salam mugia dilimpah junjungan alam kanjeng Nabi uhammad SAW. udah!mudahan dugi ka para sohabatna, para tabii’n tug dugi ka urang sadayana anu nganut ka mantenna. Bapak "bu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina# $abersihan ieu ngarupik hiji konci kahirupan urang di alam dunya. %imana urang bisa ngarawat kaber lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. lamun dina hadistna nyaeta& Anu hartina kabersihan teh mangrupa bagean tina kaimanan. $u kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sak 'ingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagana. $u kituna kaber sakola kudu dipiara kalawan sae. insyaalloh urang sadayana anu nempatan ie tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan Sakitu wae ti simkuring mugia aya man(aatna khususna ka simkuring umumna k urang sadaya. hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan. wabillahi tau(ik wal hidayah wassalammualaikum Wr. Wb BAHAYA NARKOBA Assalamualaikum wr wb 'angkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu ma kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat dina kayaan sehat wala(iat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. %ina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kangg urang sadayana. )anten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. $u ma urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ay %ina salah sahiji hadits diterangkeun... "nna dho(atu minal iman Nu hartosna & *$abersihan teh sabagian tina "man+ ina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. -pami urang sada iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya

Upload: aatoming

Post on 04-Oct-2015

36 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Kabersihan Sakola

Assalamualaikum Wr.WbBismillahirohmaanirrohin

Bapak kepala sekolah, bapak, ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan anu ku simkuring dimulyakeun.

Puji sinareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah nu maha suci, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu acara. Sholawat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan alam kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan dugi ka para sohabatna, para tabiin tug dugi ka urang sadayana anu nganut ka mantenna.

Bapak Ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina? Kabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Dimana urang bisa ngarawat kabersihan lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. lamun dina hadistna nyaeta: Anu hartina: kabersihan teh mangrupa bagean tina kaimanan.

Ku kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola. Lingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagana. Ku kituna kabersihan sakola kudu dipiara kalawan sae. insyaalloh urang sadayana anu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan.Sakitu wae ti simkuring mugia aya manfaatna khususna ka simkuring umumna ka urang sadaya. hapunten bilih aya kalepatan sareng kakirangan.

wabillahi taufik wal hidayahwassalammualaikum Wr. Wb

BAHAYA NARKOBA

Assalamualaikum wr wbLangkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.Dina salah sahiji hadits diterangkeun...Inna dhofatu minal imanNu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina ImanTina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.Para wargi anu mulya.Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammualaikum Wr. Wb.

Pidato bahasa sunda dengan tema perpisahan sekolah

Assalamualaikum wr. WbAsshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama baduTipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat walafiat.Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

Pidato Dengan Bahasa Sunda Tema InternetAssalamualaikum.wr.wbBapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna Pangaruh Internet Ka RumajaHadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut warnet.Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs situs, gambar gambar, atawa video video anu teu sawajarnaKacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagalaBisa katipu tina iklan iklan di internetTapi aya oge segi positifna :Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeunBisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsbRumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.Wassalamualaikum wr.wb

Pidato Bahasa Sunda Tema Keagamaan

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatnaAmin..Hadirin anu dipikahormat !

Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirjaAnu hartosna : saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum

Pidato Bahasa Sunda Tema Kebudayaan

Assalamualaikum w. w.Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.Wassalamualaikum w. w.